Bungur
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Bungur (Lagerstroemia, /ˌleɪɡərˈstriːmiə/[1]) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga lythraceae.[2] Tangkal bungur ilahar dipelak diburuan pikeun papaés, aya ogé di sisi jalan dimangpaatekun pikeun pangiuh jalan.[2] Kembang beureum kayas, mangsa usum kembangna rampak ligar katempo éndah.[2] Ngarekahkeun tangkal bungur kujalan dipelakeun sikina, anu darah tina buahna sabada usum kembangan, bisa waé direkahkeun kujalan dicangkok.[3]
Aya dua rupa tangkal bungur anu remen dipiara pikeun papaés buruan: bungur biasa/gedé/kebo (L. speciosa), jangkung bisa nepika 8 m, aya ogé bungur jepang (L. faurieri, L. indica, jeung hibrida duanana) leuwih leutik, tangkalna ngarungkun.[4] Bungur gedé loba kapanggih hirup ngahaja dipelak di sisi jalan, pikeun pangiuh jalan ogé bisa jadi papaés jalan utamana mangsa kembangna mangkak ligar. [2]
Remove ads
Ngaran daérah
- Lampung: Bungur kuwal; Bungur bener
- Jawa tengah: Ketangi; leban; wungu
- Palémbang: Bungur tekuyung
Spesies pilihan
jmpl|Pohon bungur kebo
|
|
Remove ads
Dicutat tina
Tempo ogé
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
