CC201

From Wikipedia, the free encyclopedia

CC201
Remove ads

Lokomotip CC 201 nyaéta lokomotip diesel éléktrik milik Kereta Api Indonesia anu diproduksi ku General Electric Transportation anu jenis modélna U18C.[1] Dibanding lokomotip tipeu saacanna nyaéta CC 200, tipeu CC 201 miboga konstruksi anu leuwih leutik anu beuratna 84 ton jeung daya mesinna 1950 hp.[2] Lokomotip ieu bergandar Co'Co'. Hartina lokomotip ieu boga 2 bogie masing-masing 3 gandar atawa 6 gandar penggerak jeung 6 motor traksi, lokomotif ieu bisa dioperasikeun dina lintas datar jeung pagunungan.[2] Lokomotip ieu, sarua saperti lokomotip GE nu séjén, bisa maju nepi ka 120 km/jam, sanajan kacepatan karéta api kiwari dibatasi maksimal 90 km/jam.[2]

Fakta Singget Sumber tenaga: Diesel éléktrik, Bagian ti seri GE Universal Locomotive Series ...
Thumb
Lokomotip CC 201 89 05 MN di Stasion Jatinegara.

Sepanjang karierna, lokomotip ieu geus berpengalaman narik babaraha jenis KA, mimiti karéta éksekutip, bisnis, ékonomi, campuran, nepi ka karéta barang/kargo.[1] Tapi, kiwari CC 201 sok dioperasikeun pikeun KA kelas bisnis, campuran, ékonomi, jeung lokal.[1]

CC 201 ogé mangrupa salah sahiji lokomotip GE Transportation anu pangsuksésna di Indonésia, lantaran kasadiaan suku cadang anu cukup sarta mesin anu mirip jeung CC 203, CC 204, jeung CC 206 (kabéh bermesin GE 7FDL-8).[1] Posisi lokomotip diesel hidraulik (DH) di Sumatera jeung Jawa ogé kagantikeun ku lokomotip ieu.[1]

Thumb
Lokomotip CC 201 05 maké livery Perumka di stasion Kutoarjo jeung karéta api Badrasurya.
Remove ads

Pamakéan di Indonésia

Lokomotif CC 201 di Indonésia aya 4 génerasi, nyaéta:[1]

  • CC 201 génerasi I
  • CC 201 génerasi II
  • CC 201 génerasi III
  • CC 201 réhab (eks-BB 203)

Alokasi CC 201

Di Indonésia, kiwari aya 130 lokomotip CC 201 beroperasi dari 144 ti mimitina.[1] 7 unit rusak jeung 7 unit dijadikeun CC 204.[1] Dianataran:[1]

92 lokomotip CC 201 asli

  • 28 lokomotip kedatangan taun 1977
  • 10 lokomotip kedatangan taun 1978
  • 34 lokomotip kedatangan taun 1983
  • 20 lokomotip kedatangan taun 1992

52 lokomotip CC 201 modifikasi BB 203

  • 18 lokomotip modifikasi taun 1989
  • 10 lokomotip modifikasi taun 1993
  • 17 lokomotip modifikasi taun 1998-1999
  • 7 lokomotip modifikasi taun 2004-2005

Lokomotif CC 201 aya di kabéh dipo induk, antara lain:[1]

Informasi leuwih jero Dipo Induk, Lokomotip ...

Katerangan:[1]

  • Kabéh lokomotip CC 201 iwal ti anu aya di Sumatera Kidul jeung Lampung geus maké livery panganyarna PT KAI. Pikeun lokomotip anu aya di Sumatera Kidul jeung Lampung ogé geus maké logo anyar PT KAI, tapi ngapertahankeun kénéh livery beureum-bulao Perumka.
  • Kabéh lokomotip CC 201 geus maké penomoran panganyarna dumasar Peraturan Menteri Perhubungan RI No. KM 45 taun 2010.
  • Kabéh lokomotip CC 201 geus maké logo baru PT KAI versi 2020
Remove ads

Data tehnis [3]

  • Dimensi lokomotif
  1. Lebar sepur : 1.067 mm
  2. Panjang body: 14.134 mm
  3. Jarak antara alat perangkai: 15.214 mm
  4. Lebar body: 2.642 mm
  5. Tinggi maksimum: 3.636 mm
  6. Jarak gandar: 3.304 mm
  7. Jarak antar pivot: 7.680 mm
  8. Diaméter roda penggerak: 914 mm
  9. Diaméter roda idle: -
  10. Tinggi alat perangkai: 770 mm
  • Berat
  1. Berat kosong: 78 ton
  2. Berat siap: 84 ton
  3. Berat adhesi: 84 ton
  • Motor Diesel
  1. Tipe: GE-7FDL8 (GE FDL Series 8 Cylinders)
  2. Jenis: 4 langkah, Turbocharger
  3. Daya Mesin: 1.950 hp
  4. Daya ke generator/converter: 1.825 hp
  • Motor Traksi/Converter
  1. Jumlah motor traksi: 6
  2. Tipe motor: GE 761, DC-DC
  3. Géar ratio: 90:21
  4. Tipe generator: GT 581
  • Kinerja
  1. Kacepatan maksimum: 120 km/jam
  2. Gaya tarik maksimum (adhesi): 17.640 kgf
  3. Kecepatan minimum kontinu: 24 km/jam
  4. Jari-jari lengkung terkecil: 56,7 m
  • Kapasitas
  1. Bahan bakar: 3.028 liter
  2. Minyak pelumas: 984 liter
  3. Air pendingin: 684 liter
  • Lain-lain
  1. Sistem rem: Rem udara tekan, dynamic brake, rem parkir
  2. Tipe kompresor: Gardner Denver WBO

Tingali ogé

Lokomotip

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads