Calana

From Wikipedia, the free encyclopedia

Calana
Remove ads

Calana (basa Hormat: Lancingan, basa Budak: Acin/Acing) nyaéta salah sahiji jenis papakéan luar anu nutupan awak ti mimiti cangkéng nepi ka mumuncangan, kadang-kadang ngan nepi kana tuur, anu mungkus batang suku sacara kapisah, utamana sok dipaké ku lalaki.[1]

Thumb
Calana panjang

Aya dua katégori ilahar ngeunaan Calana:

Calana pondok (kalawan ukuran ti cangkéng nepi ka tuur atawa kurang ti éta)
Calana panjang (kalawan ukuran ti cangkéng nepi ka keuneung)
Remove ads

Modél

Nyampak sababaraha jinis calana:[1]

  • Calana buntung: calana lalaki anu panjangna ngan nepi ka atawa ngaliwatan tuur saeutik;
  • Calana cutbrai: calana panjang anu rubak di beulah handapna;
  • Calana jero/Salémpak: papakéan jero anu mangrupa calana minangka panutup bobogaan (ilahar dijieun tina bahan anu ipis tur babari nyerep késang); cawat;
  • Calana jéngki: calana anu heureut dina bagéan suku;
  • Calana bangkong: calana monyét;
  • Calana kolor: calana (jero) anu mangkolor dina cangkéng;
  • Calana kombor: calana anu badag pisan;
  • Calana monyet: calana anu pasambung jeung baju; Calana bangkong;
  • Calana pangsi: Calana anu rubak di handapna, panjangna leuwih ti tuur (dipaké pikeun silat atawa upacara adat);
  • Calana panjang: Calana anu panjang (sampai mata kaki);
  • Calana pondok: Calana anu pondok (ngan nepi ka luhur tuur);
  • Calana sepan: Calana pageuh anu ukuranna pas napel dina awak pamaké;
  • Pantalon: Calana anu panjangna nepi ka mumuncangan;[2]
Remove ads

Référénsi

Tutumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads