Canting

From Wikipedia, the free encyclopedia

Canting
Remove ads

Canting nyaéta pakakas anu dipaké pikeun nyokot malam panas mangsa ngabatik.[1] Canting dijieun tina tambaga kiwari aya ogé anu dijieun tina teflon, gagangna tina awi aya ogé tina kai.[2][3]

Thumb
Pakakas ngabatik
Thumb
Canting paragi ngabatik

anu aya di Museum Nasional Indonesia, Jakarta. Ditengah palebah luhur : canting, pakakas pikeun ngucurkeun lilin/malam; ti kénca ka katuhu: sikat tina tapas kalapa, kaliper beusi jang ngukur, kaliper, capit, palu, jeung kihkir.

Remove ads

Bagéan tina canting

Canting diwangun tina tilu bagian:

  1. Nyamplung: anu kawas mangkok, paranti nyiuk malamdijieun tina tambaga.
  2. Cucuk: Kawas pamatuk panjang anu nyambung kana nyamplung, taya lian paranti bijilna malam mangsa diguratkeun kana lawon.
  3. Gagang: panyepenganna anu dijieun tina awi atawa kai.[4]

Gedé jeung leutikna nyamplung gumantung kana gambar jeung pola anu bakal dijieun, nyamplung dikerelepkeun kana malam panas sangkan kaeusian. [5]

Remove ads

Rupa-rupa canting dumasar kana cucukna

Thumb
Ngabatik maké canting

Cucuk canting aya sababaraha rupa gumantung kabutuhan:

  1. Canting cecek : Canting cecek ieu mibanda cucuk leutik jeung liangna hiji. ilaharna diaké pikeun nyieun panyecek (titik), gurat, jeung tulisan anu ipis.
  2. Canting loron : Canting anu mibanda cucuk dua, ilaharna dipaké pikeun nyieun gurat ganda/kembar.
  3. Canting telon : Canting anu mibanda tilu cucuk pikeun kaluarna malam
  4. Canting papat, liman, byok, rénténg jeung saterusna.[6]
Remove ads

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads