Céko

From Wikipedia, the free encyclopedia

Céko
Remove ads

Républik Céko (Cekia; basa Céko: Česká republika, Česko déngé ) mangrupa hiji nagara di Éropa Tengah nu diwangun saenggeus bubarna nagara Cékoslowakia. Nagara ieu tepung wates jeung Jérman di kulon jeung kalér, Polandia di kalér, Slowakia di tenggara, jeung Austria di kidul.

Fakta Singget Česká republikaRépublik Céko, Basa ...

Di nagara ieu aya Sudetenland, di mana baheula aya séké bangsa Jérman, tapi saenggeus Perang Dunya II, kalobaannana didéportasi sanajan masih loba urang Céko nu mibanda nami Jérman.

Remove ads

Sajarah

 Artikel utama: Sajarah Céko.

Taneuh Céko muncul dina ahir abad ka-9 wanci dihijian ku Přemyslids. Karajaan Bohémia nu ngawasaanna, tapi konflik kaagamaan kawas Perang Hussit abad ka-15 jeung Perang Tilu Puluh Taun abad ka-17 ngaruksak. Teras wewengkon ieu aya dina pangaruh Habsburg jeung mangrupa bagian Austria-Hongaria.

Saenggeus labuhna nagara éta dina Perang Dunya I, Céko jeung tatanggina Slowakia ngagabung jeung ngawangun républik merdéka Cékoslowakia dina 1918. Négara anyar ieu boga étnis Jérman minoritas nu loba, nu nuju ka bubarna Cékoslowakia wanci Jérman sukses nganéksasi minoritas éta liwat Pasatujuan Munchen dina 1938, jeung Slowakia miboga otonomi nu leuwih gedé, jeung nagara dinamian "Céko-Slowakia". Slowakia salajengna misah deui dina 1939 jeung sisa nagara Céko ieu dikawasaan ku Jérman.

Saenggeus Perang Dunya II, Cékoslowakia labuh kana pangaruh Uni Soviét. Dina 1968, hiji invasi ku pasukan Pakta Warsawa ngahiran usaha pamingpin nagara ieu pikeun ngaliberalkeun partéy nu keur maréntah jeung nyieun "sosialisme jeung hiji paroman manusa" dina Usum Semi Praha. Dina 1989, Cékoslowakia mibanda kabébasan liwat Révolusi Kacébong. Dina 1 Januari 1993, nagara ieu meupeus kana dua nagara, Républik Céko jeung Républik Slowakia nu merdéka.

Céko ngagabung kana NATO dina 1999 jeung Uni Éropa dina 2004.

Remove ads

Politik

 Artikel utama: Politik Céko.

Dumasar kana konstitusi, Républik Céko mangrupa hiji nagara démokrasi parleménter nu pupuhu nagarana hiji présidén nu dipilih ku parlemén pikeun masa jabat 5 taun. Présidén mibanda hak véto dina législasi, hak imunitas, jeung bisa ngabubarkeun parlemén dina kaayaan katangtu. Anjeunna ogé milih perdana menteri sarta anggota kabinét dumasar kana proposal ti perdana menteri.

Parlemén Céko (Parlament) mangrupa hiji parlemén bikameral nu diwangun ti Poslanecká sněmovna nu kasusun ti 200 korsi nu masa jabatna 4 taun jeung Sénát nu kasusun ti 81 korsi nu masa jabatna 6 jeung 2 taun.

Remove ads

Géografi

 Artikel utama: Géografi Céko.

Céko teu boga wates laut. Di wewengkon Bohémia, aya Walungan Elbe atawa Labe dina basa Céko jeung Walungan Vltava, dikurilingan ku pagunungan pondok. Di Sudeten, aya Gunung Sněžka (1.602 m). Bagian wétan Céko, Moravia, loba pasir jeung aya Walungan Morava sarta mangrupa cinyusu Walungan Oder atawa Odra.

Pambagian adminstratif

Céko dibagi kana tilu belas wewengkon administratif (kraje, tunggal - kraj) jeung hiji wewengkon ibu kota (hlavní město), nu ditandaan ku *.

Thumb
Peta Céko warna béda per provinsi
Informasi leuwih jero Daerah, Ibu kota ...
Remove ads

Tempo ogé

Catetan suku

Tumbu luar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads