Ciambar, Sukabumi

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Ciambar nyaéta salah sahiji kacamatan di Kabupatén Sukabumi, Propinsi Jawa Kulon, Indonésia.[1] Sacara étimologi, Ciambar asalna tina kecap ci jeung ambar.[2] Ci maksudna cai sedengkeun ambar maksudna hambar.[2] Ku kituna, loba jalma nu ngahartikeun yén di wewengkon Ciambar téh mibanda palidan cai nu hambar.[2] Kacamatan Ciambar kawengku ku genep désa, nyaéta Désa Munjul, Ciambar, Ginanjar, Wangunjaya, Cibunarjaya, jeung Ambarjaya[3].

Fakta Singget Nagara, Propinsi ...
Remove ads

Wates Wilayah

Kacamatan Ciambar mibanda wates-wates wilayah sakumaha di handap ieu[2]:

Belah kalér Kacamatan Cicurug jeung Kabupatén Bogor
Belah wétan Kacamatan Nagrak
Belah kidul Kacamatan Nagrak
Belah kulon Kacamatan Cicurug jeung Kacamatan Parungkuda

Poténsi

Atikan

Dina widang atikan kacamatan Ciambar mibanda poténsi anu pohara gedéna. Aya 35 sakola anu ngadeg di kacamatan Ciambar, anu kawengku ku 17 SD, 5 MI, 4 SMP, 5 MTs, 2 SMA, 1 SMK jeung 1 MA. di antara sakola-sakola anu dimaksud nyaéta[4]:

NO NPSN NGARAN SAKOLA TINGKAT STATUS
120202643SD NEGERI 1 CIAMBARSDNegeri
220202510SD NEGERI 1 TANGKILSDNegeri
320202635SD NEGERI 2 CIAMBARSDNegeri
469758132SD NEGERI 2 TANGKILSDNegeri
520202823SD NEGERI AWILEGASDNegeri
620202760SD NEGERI BABAKAN SAWAHSDNegeri
720202634SD NEGERI CIAMBAR KOLOTSDNegeri
820202629SD NEGERI CIARIPINSDNegeri
920202707SD NEGERI CIGANASSDNegeri
1020252003SD NEGERI CIJAMBUSDNegeri
1120268790SD NEGERI GOBANGSDNegeri
1220202146SD NEGERI KEBON PEUTEUYSDNegeri
1320202103SD NEGERI LEMAH PUTIHSDNegeri
1420252004SD NEGERI LEUWIKERISSDNegeri
1520201970SD NEGERI NYALINDUNGSDNegeri
1620201990SD NEGERI PAKAUMANSDNegeri
1720202327SD NEGERI WARUNGGOMBONGSDNegeri
1860707189MIS AL-KAROMAHMISwasta
1960707185MIS CIPAMUTIHMISwasta
2060707187MIS CITAMIANGMISwasta
2160707188MIS SOMANGMISwasta
2260707186MIS TARBIYATUNNISAMISwasta
2320258334SMP ISLAM KEMBANGKUNINGSMPSwasta
2420267955SMP NEGERI 1 CIAMBARSMPNegeri
2520202393SMP PGRI 1 CIAMBARSMPSwasta
2620202392SMP PGRI 2 CIAMBARSMPSwasta
2720277692MTSS AL BAROQAHMTsSwasta
2869788318MTSS HIDAYATUL FALAHMTsSwasta
2969788317MTSS IBNUSINAMTsSwasta
3069853593MTSS NURUL HUDAMTsSwasta
3120277691MTSS SA MIFTAHUL KAROMAHMTsSwasta
3269888716SMA PGRI CIAMBARSMASwasta
3369888445SMA PLUS KEMBANG KUNINGSMASwasta
3460726509SMKS TECMA CIAMBARSMKSwasta
3569788092MAS MIFTAHUL KAROMAHMASwasta

Wisata

Kacamatan Ciambar mibanda tujuan wisata cai curug alami nyaéta Curug Luhur anu nutug di Kampung Lemburpasir, Désa Ciambar.[2] Tujuan wisata ieu kaasup kana wilayah Taman Nasional Gunung Gedé Pangrango (TNGP).[2] Kiwari, TNGP geus netepkeun kawasan obéek wisata éta minangka wilayah konsérvasi atawa cagar alam leuweung alami anu kudu dijaga.[2] Curug anu luhurna 30 méter ieu ayana di satukangeun pasir leuweung pinus.[2] Pikeun ngajugjug ka curug luhur, teu bisa ngagunakeun kandaraan, kudu leumpang kurang leuwih dua kilométer.[2]

Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads