Cucurut

From Wikipedia, the free encyclopedia

Cucurut
Remove ads

Cucurut nyaéta sato mamalia anu asalna tina kulawarga Soricidae. pangawakanna kawas beurit, mibanda 290 spésiés salahsahiji runtuyanna tayalian cucurut imah (Suncus murinus L.). Cucurut sakapakeung sok katempo lumpat ngaliwat diburuan atawa diapur, ieu sato remen sok disebut beurit, pedah awak jeung buluna méh sarua pisan jeung beurit.[1]

Fakta Singget Cucurut Temporal range: Middle Eocene to Recent, Klasifikasi ilmiah ...


Cucurut jeung beurit sanajan pangawakanna sarua, sabenerna duanana henteu aya patula-patalina dina runtuyanna malahan beurit jeung cucurut béda ordona.[1] Cucurutmah kaasup kana ordo Soricomorpha, lain Rodentia (hewan pengerat). Cucurut kapanggih hirup di sakuliah dunya, kajaba di kutub kaler jeung kutub kidul.[1]


Remove ads

Ciri mandiri

Sanajan saliwat kawas beurit, cucurut mibanda babangus anu panjang tur méncos.[1] Kaasup kana insectovora, kabeukina ngakan gegeremet jeung sato leutik séjéna.[1]

Ciri mandirina curut di mana ngaliwat sok bari disada ciciricitan, kalawan ninggalkeun bau hapeuk nu teu pikageunaheun.[2]


Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads