Cukang

From Wikipedia, the free encyclopedia

Cukang
Remove ads

Cukang nyaéta catang kai atawa awi anu ngahaja digolérkeun malang luhureun kamalir atawa susukan, pikeun pameuntasan; sasak.[1] Wangunan cukang mah kawilang basajan, cukup jang ngaliwat sajalmaeun.[2] Sangkan henteu leueur, luhureun cukang ilaharna sok dituruban ku gedég awi atawa séséngkédan anu dijieun tina awi beunang neukteukan.[2] Cukang mah dipaké paranti meuntas di susukan leutik, balungbang, atawa kamalir kebon atawa sawah anu rada lega.[3] Sanajan wangunna basajan, tetep baé cukang kudu mibanda kakuatan anu sanggup nahan buerat awak anu ngaliwat luhureunna.[2] Komo deui mangsa usum panén, nu ngadon ngaliwatan éta cukang téh tangtuna bari jeung ngabengkot mawa hasil tatanén. Pikeun nyingkahan picilakaeun ku lantaran cukang lésot mangsa ditincak, ka dua tungtung cukang dipageuhan maké paseuk anu dicecebkeun kana galéngan.[3]

Thumb
Cukang kai
Remove ads

Dicutat tina

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads