Dahlia
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Dahlia nyaéta hiji génus pepelakan anu beutian sarta sipatna taunan (perenial), kembangan dina usum panas nepi ka usum gugur. Dahlia nyaéta kembang nasional nagara Méksiko anu ogé mangrupa nagara asalna ieu kembang. Dahlia nyaéta tutuwuhan pituin ti Méksiko nepi ka Kolombia.[1]

Remove ads
Sajarah
Dina taun 1872, nagara Walanda nampa sakotak beuti dahlia anu dikirim ti Méksiko. Tina sakotak beuti kembang Dahlia tétéla ngan hiji beuti anu hasil kembangan tapi ngahasilkeun kembang nu éndah sarta boga warna beureum kalawan daun kembang anu seukeut. Ahli pepelakan hasil ngabudidayakeun dahlia anu saterusna dingaranan Dahlia juarezii. Dahlia juarezii mangrupa karuhun sakabéh kembang dahlia hibrida anu aya kiwari.
Tangkal dahlia nyaéta kadaharan larva sawatara spesies Lepidoptera (wanda kukupu).
Kembang dahlia dingaranan pikeun ngahormat ahli botani bangsa Swédia ti abad ka-18 anu ngaranna Anders Dahl.
Dahlia ogé mangrupa kembang resmi dayeuh Seattle, nagara bagian Washington, Amérika Sarikat.
Remove ads
Ciri mandiri jeung habitat
Kembang Dahlia boga rupa-rupa warna anu éndah, saperti beureum, kayas, konéng, jeung sajabana. Saperti tutuwuhan lianna ti kulawarga Asteraceae, kembang Dahlia ogé wangunna capitulum (hiji bonggol perbungaan gedé anu ngawengku loba 'kembang').[2] Kembangna rata-rata gedé sarta lébar tur buleud.[3]
Kembang Dahlia tumuwuh di daérah anu luhurna 700-1000 méter di luhureun beungeut sagara, kalawan cahya panonpoé langsung teu kaiuhan.[4]
Remove ads
Mangpaat
Kembang dahlia anu dipikawanoh ku urang ayeuna diwangun ku ratusan kultivar. lolobana variétas tangkal dahlia ngahasilkeun kembang anu warnana caang sarta matak hélok, ku kituna dahlia mangrupa komoditas penting pikeun industri kembang.[4]
Rujukan
Tumbu ka luar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
