Diajar
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Diajar nyaéta hiji prosés usaha anu dipigawé hiji jalma pikeun nampa hiji parobahan tingkah laku anu anyar sacara sakabéh, minangka hasil pangalamanana sorangan dina interaksi kalayan lingkunganana.[1] Définisi diajar sacara psikologis dihartikeun yén diajar mangrupa hiji prosés parobahan nyaéta parobahan tingkah laku minangka hasil ti interaksi kalayan lingkunganana dina minuhan kabutuhanana.[1] Parobahan-parobahan kasebut baris nyata dina sakumna aspék tingkah laku.

Remove ads
Jenis-jenis Diajar
- Diajar Abstrak
Diajar kalayan ngagunakeun cara-cara mikir abstrak atawa pemecahan-pemecahan abstrak [1] Conto: diajar Matématika, Kimia, sarta élmu pasti séjén.[1]
- Diajar Kaparigelan
Diajar ku cara nampa pangabisa atawa kaparigelan kaluar tina sagala rupa masalah sacara rasional sarta logis.[1]
- Diajar sosial
Diajar ku cara pangawasaan kaparigelan/pamahaman dina masalah sosial.[1]
- Diajar Rasional
Diajar ku cara pangawasaan pangabisa ngagunakeun prinsip sarta konsép.[1]
- Diajar Kabiasaan
Diajar ku cara nampa pangwangunan sikep-sikep nu anyar
- Diajar Aprésiasi
Diajar ku cara nampa atawa ngamekarkeun aprésiasi nu tangtu ka objék-objék nu tangtu.[1]
- Diajar Kanyaho atawa Studi
Diajar ku cara nampa atawa nambahan sajumlah pamahaman, pengertian, atawa informasi ngeunaan panngaweruh-pangaweruh nu tangtu. Conto: Diajar ngeunaan kamekaran badak.[1]
Remove ads
Faktor anu Mangaruhan Kasuksésan diajar
- Lingkunagn diajar[2]
- Cara diajar
Sarana diajar
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
