Dinar Bahrain

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Dinar Bahrain (Basa Arab: دينار Dīnār Baḥrainī) (lambang: .د.ب; BD; code: BHD) nyaéta mata uang Bahrain. Dinar Bahrain leuwih leutikna dibagi kana 1000 Fils (فلس). Mata uang ieu dipikawanohkeun dina taun 1965, ngaganti Rupee Teluk dina ajén 10 Rupee = 1 dinar. Dinar Bahrain biasana dimidangkeun kalawan 3 angkat desimal Fils.

Fakta Singget دينار بحريني (Basa Arab), Kode ISO 4217 ...
Remove ads

Koin

Dina taun 1965, koin dipikawanohkeun dina pecahan 1, 5, 10, 25, 50, jeung 100 Fils. 1, 5, 10 Fils tina perunggu, nu lianna tina tembaga-nikel. Koin 1 Fils dieureunkeun produksina dina taun 1966 sarta heunteu dipaké deui. Dina 1992, kuningan ngagantikeun tembaga pikeun 5 jeung 10 fils sarta koin dwilogam 100 fils dipikawanohkeun. 500 fils dwilogam dipikawanohkeun taun 2000.

Informasi leuwih jero Koin Dinar Bahrain, Gambar ...
Thumb
Thumb
Koin Dinar Bahrain, beulah hareup jeung tukang
Remove ads

Uang kertas

Dina 16 Oktober 1965, Badan Mata Uang Bahrain medalkeun uang kertas dina pecahan ¼, ½, 1, 5, jeung 10 Dinar; sarta sanggeusna lembar pecahan 100 Fils dina 2 Séptémber 1967.[1] Dina taun 1973, Badan Kauangan Bahrain nyekel kawasa dina nyitak uang kertas, sarta dina taun 1979, dipikawanohkeun rupa uang kertas nu anyar kalawan kaping 1973 dina aksara Arab, pikeun pecahan ½, 1, 5, 10, jeung 20 Dinar. Dina 7 Séptémber 2006,[1] Badan Kauangan Bahrain dirobah ngaranna janten bank Séntral Bahrain. Dina 17 Maret 2008, Bank Séntral Bahrain mikawanohkeun citakan anyar uang kertas anu midangkeun warisan Bahrain sarta kaayaan Bahrain kiwari. Riyal Arab Saudi tiasa dipaké ogé Bahrain, iwal pechan 500 Riyal nu mana ukur bisa di pasar swalayan gedé, bandara, jeung toko éléktronik.

Informasi leuwih jero Citakan ka-4 (154mm x 74mm), Gambar ...
Remove ads

Nilai tukeur katangtu

Dina Désémber 1980, Dinar Bahrain sacara resmi ditangtukeun jeung hak husus ti IMF. Dina sapopoéna, Dina Bahrain disaruakeun jeung 1 Dolar AS = 0,376 Dinar Bahrain, jadina kira-kira 1 Dinar Bahrain = 2,65957 Dolar AS[2], méh 10 Riyal Arab Saudi. Nilai tukeur ieu diresmikeun dina taun 2001.

Informasi leuwih jero Nilai tukeur BHD ayeuna ...

Note: Nilai tukeur di dieu bisa pagedrug jeung nilai tukeur anu disebutkeun dina paragraf

Tingali ogé

  • Rupee Teluk
  • Déwan Sabilulungan Nagara Arab Teluk
  • Ékonomi Bahrain

Rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads