Dodol

From Wikipedia, the free encyclopedia

Dodol
Remove ads

Dodol nyaéta salah sahiji wanda kadaharan anu kaasup kana kadaharan amis, wanguna leuleus liat. Pikeun nyieun dodol anu mibanda kualitas hadé dibutuhkeun kaparigelan jeung waktu anu lila, ku sabab nyieun dodol bisa kawilang hésé [1]. Bahan-bahan anu diperlukeun dina nyieun dodol nyaéta cipati, tipung béas, gula bodas, gula beureum jeung uyah[2].

Thumb
Dodol susu

Pedaran

Kandungan cai dina olahan dodol anu geus asak kurang leuwih 10-10% ieu kaayaan alus pikeun ngahalangan hirupna baktéri, jeung khamir patogén jadi bisa leuwih lila diteundeun teu kudu maké diawétkeun heula saperti : Digaringkeun, disterilisasi, dibekukeun jeung sajabana. Tapi sanajan kitu ogé tetep dina nyampurkeun bahan-bahan jeung cara ngolah mangaruhan kana lila jeung henteuna dodol bisa diteundeun.[3][4]

Dodol téh loba pisan rupa jeung rasana, dibungkus diréka-réka sangkan kapincut anu nempo, meureun kiwari anu paling kasohor téh dodol Garut, saggireun rasana anu ogé dodolna dibungkus béda jeung nulian [5], rupa-rupa dodol anu mindeng kapanggih saperti:

  1. Dodol Garut
  2. Dodol Kadu
  3. Dodol Sirsak
  4. Dodol Betawi
  5. Dodol Ganas
  6. Dodol Apel
  7. Dodol Nangka
Remove ads

Dicutat tina

Tutumbu Kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads