Dopamin

From Wikipedia, the free encyclopedia

Dopamin
Remove ads

Dopamin atawa dopamina nyaéta hiji neurotransmiter nu aya di rupa-rupa sato, boh vertebrata atawa invertebrata. Dina otak manusa, ieu fenetilamina téh ngaktifkeun lima tipeu reséptor dopaminD1, D2, D3, D4, jeung D5, sarta varian-varianna. Dopamin dijieun dina sababaraha bagian otak, di antarana substantia nigra jeung aréa ventral tegmental[4]. Dopamin ogé neurohormon nu dileupaskeun ku hipotalamus, nu gunana pikeun ngurangan/megat dileupaskeunana prolaktin ti pituitari.

Fakta Singget Data klinis, Sinonim ...

Dopamin bisa dipaké natambaan, pikeun ngaronjatkeun ketug jantung jeung tekenan getih. Ngan, kusabab dopamin mah teu bisa nembus pager getih-otak, dopamin nu diasupkueun salaku ubar moal bisa langsung mangaruhan sistim saraf puseur. Pikeun nambahan kadar dopamin dina otak nu boga kasakit Parkinson jeung distonia, misalna, L-DOPA (levodopa) nu pijadieun/prékursor dopamin bisa diasupkeun, sabab ieu ubar bisa ngaliwatan pager getih-otak.

Remove ads

Biokimia

Thumb
Biosintésis dopamin

Ngaran jeung kulawarga

Rumus kimia dopamin nyaéta C6H3(OH)2-CH2-CH2-NH2, kalawan ngaran kimia "4-(2-aminoétil)bénzéna-1,2-diol" nu diwancah "DA."

Salaku bagian ti kulawarga katékolamin, dopamin téh prékursor norépinéfrin (noradrénalin) sarta salajengna adrénalin (épinéfrin) dina jalur biosintésis ieu neurotransmiter.

Biosintésis

Biosintésis dopamin lumangsung dina awak (utamana dina jaringan saraf jeung médula kelenjar adrénal), dimimitian ku hidroksilasi asam amino L-tirosin jadi L-DOPA maké énzim tirosin 3-monooksigénaseu (ogé katelah tirosin hidroksilaseu, dituturkeun ku dékarboksilasi L-DOPA ku dékarboksilaseu asam amino-L aromatik (nu mindeng disebut dopa dékarboksilaseu). Dina sababaraha neuron, dopamin lajeng diolah jadi norépinéfrin ku dopamin béta-hidroksilaseu.

Sanggeus sintésis, dina neuron dopamin dibulen jadi vésikel, nu salajengna dileupaskeun ka sinaps.

Remove ads

Rujukan

Baca ogé

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads