Emas

From Wikipedia, the free encyclopedia

Emas
Remove ads

Emas atawa kancana nyaéta unsur kimia nu lambangna Au (Latin: aurum) kalawan nomer atom 79. Ieu logam mulya geus ti bihari boga ajén anu luhur, boh pikeun perhiasan, patung, atawa papaés wangunan/ornaméntasi.

Fakta Singget Umum, Pasipatan fisik ...

Di alam, ieu logam kapanggih dina bentuk guruntulan atawa 'bijih' dina babatuan, dina urat, jeung dina déposit aluvial. Emas fisikna padet, lemes, hérang, sarta leuleus, pangleuleusna ti antara logam-logam murni anu aya. Nu murni kelirna konéng caang, ngagurilap matak ngirut, katambah ku watekna anu henteu ngarandapan ka bakar/oksidasi ku hawa atawa cai. Dina widang ékonomi, emas dipaké dina sistem dinar jeung sistem Bretton Woods.[1]

Dina tungtung taun 2006, emas nu geus kungsi dikali salila ieu kira-kira nepi ka 158.000 ton[2] (sarua jeung kubus ukuran 20,2 méter). Di industri modéren, emas dipaké dina éléktronik jeung kedokteran huntu , ku sabab watekna anu tahan korosi oksidatif sarta alus konduktivitas listrikna. Sacara kimia, emas kaasup logam transisi nu bisa jadi kation trivalén jeung univalén. Dina STP, emas bisa jadi asam kloroaurat mun diréaksikeun jeung aqua regia (campuran asam), atawa jeung larutan basa sianida. Emas bisa leyur dina raksa, ngabentuk aloy amalgam tanpa ngalaman réaksi kimia. Dina pemurnian, emas bisa dipisahkeun ti logam lian ku sabab emas henteu bisa leyur dina asam nitrat nu bisa ngaleyurkeun pérak jeung logam basa (téhnik "inquartation and parting"). Asam nitrat geus ti baheula dipaké pikeun mariksa aya/henteuna emas, malah kiwari istilah "uji asam" ("acid test") jadi baku utama dina pamariksaan emas.

Remove ads

Pasipatan

Emas téh logam anu istiméwa; sagram emas bisa diamparkeun jadi lambar anu legana saméter pasagi. Lambaranana bisa ipis pisan nepi ka ampir tembus cahya. Cahya anu tembus katembongna biru semu héjo, ku sabab emas mantulkeun cahya konéng jeung beureum.[3] Lambaran emas ogé mantulkeun cahya infrabeureum, ku kituna dipaké taméng infrabeureum dina pakéan tahan panas jeung pakéan luar angkasa.[4]

Emas bisa ngabentuk campuran/aloy jeung logam lianna, utamana pikeun ngarobah pasipatan métalurgina, ngatur titik lééh, atawa pikeun ngahasilkeun kelir anu éksotik.[5]

Remove ads

Rujukan

Bacaan salajengna

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads