Gayung

From Wikipedia, the free encyclopedia

Gayung
Remove ads

Gayung nyaéta pakakas nu biasna di paké pikeun nyiuk cai,[1] Umumna kamar mandi di tiap imah di Indonésia mah miboga gayung salaku pasangan tina bak mandi.[2] Ieu gayung téh asalna mah sebutan umum pikeun sisieuk cai, kaasup dina nyebutkeun siwur.[2] Ngan kiwari gayung téh dibasakeun kana sisiuk cai anu dijieun tina bahan palastik.[2] Ari alesan dijieun tina palastik téh lantaran biayana leuwih murah jeung leuwih hampang dina palebah makéna.[2] Ari kagunaan utamana nya pikeun nyiuk cai, boh cai tina bak mandi atawa cai tina buyung.[2]

Thumb
Gayung

Pamakéan gayung di kamar mandi kacida dibutuhkeun pisan, komona mah kamar mandi nu teu aya pancuranan atawa kran atawa shower.[2] Dipaké ogé ieu gayung téh jang cécéwok saanggeus ngising.[2] Di wewengkon nu modérn mah jigana hésé pisan néangan kamar mandi nu aya gayungan téh lantaran mersihanana geus maké shower.[2]

Remove ads

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads