Gelas

From Wikipedia, the free encyclopedia

Gelas
Remove ads

Gelas nyaéta barang anu transparan, rada kuat, biasana kuat kana barang kimia, jeung teu aktip sacara biologi anu bisa dibentuk kalayan lakop anu lemes jeung kedap cai.[1] Ku lantaran kitu sipatna anu idéal gelas loba dipaké di widang kahirupan.[1] Tapi gelas bisa peupeus anu engkéna jadi beling.[1] Gelas kaasup kelompok vitroida atawa termogel, anu mangrupa senyawa kimia kalayan susunan anu kompleks.[1] Senyawa kasebut meunang ngabekukeun léléhan yang lewat dinginanu geus ditiiskeun.[1] Gelas ieu mangrupa produk anu amorf jeung hérang kalayan heuras tur elastisitas.[1]

Thumb
Rupa-rupa gelas
Remove ads

Cara nyieun gelas

Gelas dijieun tina keusik, soda, batu kapur, natrium sulfat, feldspar, senyawa boron jeung aluminium sarta bahan aditip lainna, gumantung kana jinisna.[1] Di jero oven, campuran nu tadi di dileburkan misalna dina temperatur 600oC.[1] Leburan kasebut ditiiskeun nepi ka ngabentuk gelas kira-kira 1100oC.[1] Produk-produk jadi atawa setengah jadi (misalna pelat, pipa, barang berongga, watang jeung barang anu dipres) bisa dijieun langsung tina leburan éta.[1] Hal penting dina nyieun gelas nyaéta bahan jeung tahap ngatiiskeun.[1] Mimitina tiiskeun nepi ka temperatur transformasi (barobahna tina plastis jadi elastis).[1] Sanggeus barobah, bahan ditiiskeun deui nepi ka anggeus.[1] Ku lantaran prosés niiskeunana balikan nepi ka sabaraha kalina moal ngabalukarkeun gelas babari retak.[1]

Remove ads

Sipat gelas

Aya sawatara sipat gelas anu boga kaonjoyan dibndingkeun jeung nu material séjéna, di antarana :

  1. Sipat éstétika atawa kaéndahan.[1]
  2. Sipat tembus pandang sacara optik (transparan).[1]
  3. Sipat elastic.[1]
  4. Sipatna nu kuat tahan kana zat atawa réaksi kimia.[1]

Tapi aya kahéngkéranna ogé nyaéta babari peupeus.[1]

Rupa-rupa gelas

  1. Gelas cai (Water Goblet).[2]
  2. Gelas sirop.[2]
  3. Gelas Anggur.[2]
  4. Gelas Bir.[2]
  5. Gelas Kopi.[2]

catetan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads