Kabubuahan

organ jero awak manusa From Wikipedia, the free encyclopedia

Kabubuahan
Remove ads

Kabubuahan atawa Ginjal atawa Ginjel nyaéta organ ékskrési nu bentukna kawas kacang na vertebrata. Bagéan tina sistem urin, kabubuahan nyaring runtah (utamana uréa) tina getih sarta miceun babarengan jeung cai salaku urin. Widang médis nu ngulik kabubuahan sarta kasakit nu mangaruhan kabubuahan disebut nefrologi.

Dina awak manusa, kabubuahan mangrupa dua organ nu aya di tukangeun abdomén, kénca katuhueun tulang tonggong, handapeun ati jeung limpa. Di luhureun masing-masing kabubuahan nyaéta kelenjar adrénal.

Kabubuahan sipatna rétroperitonéal, nu hartina aya tukangeun peritoneum nu ngabungkus rongga abdominal, luhurna kira-kira sapantar jeung tulang tonggong T12 nepi ka L3. ku sabab ayana ati, kabubuahan nu katuhu perenahna leuwih handap batan nu kénca. Bagian luhur kabubuahan kajaga ku rusuk ka-11 jeung -12.

Thumb
Gambar beulahan kabubuahan
Remove ads

Organisasi

Dina awak manusa sawawa anu normal, kabubuahan téh panjangna kira 11 cm, kandel 5 cm, beuratna 150 gr. Bentukna kawas kacang, konkaf di sisi nu nyanghareup ka jero (médial) . Bagian éta téh minangka lawang nu disebut hilus, tempat nyambungna artéri jeung véna rénal, sarta saraf jeung urétér.

Lapisan-lapisan kabubuahan ti luar nepi ka jero nyaéta renal cortex, renal medulla, jeung renal pelvis nu aya di bagian tengah. Bagian luarna dibungkus ku renal capsule nu dijieun tina loose connective tissue.

Remove ads

Fungsi rénal

Fungsi rénal ngawengku éxkrési runtah tina saluran getih, sékrési hormon - hususna éritropoiétin jeung rénin sarta ngajaga éléktrolit sérum, kadar asam-basa, jeung osmolality.

Pikeun leuwih lengkep tempo fisiologi rénal.

Kasakit jeung kalainan

Kasakit kongenital kabubuahan

  • Hidronéfrosis kongenital
  • renal dysplasia
  • Obstruksi kongenital saluran kemih
  • horseshoe kidney
  • duplicated ureter

Kasakit nu narajang kabubuahan

  • Batu kabubuahan
  • Pyelonephritis, inféksi kabubuahan nu mimindengna alatan komplikasi inféksi saluran kemih.
  • Azotemia, kaayaan toksik nu dicirikeun ku abnormalitas luhurna kadar uréa, kréatinin, sanyawaan runtah awak, sarta sanyawaan nitrogén dina getih.
  • Hidronéfrosis, kabubuahan ngabadagan alatan obstruksi aliran cikiih.
  • Dina sindrom néfrotik, glomérulus ruksak antukna protéin lolos kana cikiih. Gejala lianna nyaéta bareuh, handapna kadar albumin, jeung luhurna kadar koléstérol.
  • tumor kabubuahan
    • tumor Wilms
    • Renal cell carcinoma
  • gagal kabubuahan (akut jeung kronis)
  • Glomérulonéfritis
  • Diabetic nephropathy
  • Lupus nephritis

Dialisis jeung cangkok kabubuahan

Sacara umum, urang bisa hirup ku boga hiji kabubuahan. Mun duanana geus teu bener fungsina, kudu ngalakukeun dialysis, nyaéta nyaring getih di luar awak. Cangkok kabubuahan ayeuna geus kaitung biasa. Cangkok kabubuahan munggaran nu hasil diumumkeun 4 Maret 1954 ku Peter Bent Brigham Hospital di Boston. bédahna dilaksanakeun ku Dr. Joseph E. Murray, nu taun 1990 dileler Hadiah Nobel widang Médis.

Remove ads

Émbaran séjén

Istilah médis nu patali jeung kabubuahan biasana maké émbohan rénal atawa néfro-.

Tempo ogé

Informasi leuwih jero Sistem urin - édit ...
Informasi leuwih jero Sistem éndokrin - édit ...
Remove ads
Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads