Globalisasi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Globalisasi, (inggris, globallglobalization, sadunya, universal) istilah pikeun némbongkeun kamekaran masarakat dunya ku sabab kamajuan dina sagala bidang, upamana téhnologi komunikasi jeung informasi, hususna internét, ku sabab éta Abercrombie dkk. (2010:640) nyebutkeun globalisasi pikeun sistem dunya (world system theory) Pikeun istilah kahiji digunakeun ku Roland Roberston (Barker, 2004:120), sakaligus matalikeun jeung istilah glokal (global jeung lokal) sacara analogis global jeung glokal ogé ngaaplikasikeun glonal(global dan nasional).[1]

Salah sahiji sabab globalisasi téh nyaéta ayana kamekaran yén sagala rupa hal boga pangaruh kana ékonomi dunya. Jaman globalisasi ayeuna kacida écésna nunjukkeun ayana hubungan atawa kaitan jeung gumantungna antarbangsa jeung antarmanusa di sakuliah dunya. Kamajuan infrastruktur transportasi jeung télékomunikasi, kaasup mucunghulna télégrap jeung Internét, jadi faktor utama dina globalisasi nu ngajadikeun beuki gumantungna (interdépéndénsi) kagiatan ékonomi jeung budaya.[2]
Sanajan aya nu nyebut yén globalisasi dimimitian dina jaman modéren, sababaraha ahli séjén ngalacak sajarah globalisasi téh jauh saméméh jaman Éropa jeung pelayaran ka Dunya Anyar. Aya ogé ahli nu nyatet yén globalisasi geus kajadian ti milénium katilu saméméh Maséhi.[3] Dina ahir abad ka-19 jeung awal abad ka-20, kabeungkeutna ékonomi jeung budaya dunya lumangsung kacida gancangna.
Istilah globalisasi beuki mindeng dipaké ti pertengahan taun 1980-an jeung leuwih sering deui ti pertengahan 1990-an.[4] Dina taun 2000, Dana Monétér Internasional (IMF) ngaidéntifikasi opat aspék dasar globalisasi: dagang jeung transaksi, pergerakan modal jeung invéstasi, migrasi jeung pindahna jalma, jeung nyebarna élmu pangaweruh. Sajaba ti éta, tangtangan lingkungan saperti parobahan iklim, polusi cai jeung hawa nu ngalangkung wates nagara, ogé kabiasaan mancing kaleuleuwihan di laut, aya patalina ogé jeung globalisasi.[5] Prosés globalisasi mangaruhan jeung kapangaruhan ku dunya bisnis jeung tata gawé, ékonomi, sumber daya sosial-budaya, jeung lingkungan alam.
Remove ads
Pangenalan
Manusa geus silih interaksi dina jarak jauh salila rébuan taun. Contona nyaéta Jalur Sutra darat nu ngahubungkeun Asia, Afrika, jeung Éropa, nu nyababkeun loba parobahan dina peradaban bangsa-bangsa di “Dunya Heubeul”. Pamikiran, agama, basa, kasenian, jeung rupa-rupa aspék kabudayaan séjénna sumebar jeung campur nalika nagara-nagara silih tukeur barang jeung ideu.
Perpindahan manusa, barang, jeung ideu sacara global beuki nyebar dina abad-abad saterusna. Dina abad ka-15 jeung ka-16, bangsa Éropa mimiti nyieun léngkah penting dina ngajajah samudra, salah sahijina nyaéta pelayaran transatlantik ka “Dunya Anyar” nu ayeuna disebut Amérika. Dina awal abad ka-19, kamajuan dina wangun transportasi anyar (saperti kapal uap jeung karéta api) jeung télékomunikasi nu ngirangan jarak jeung waktos, ngajadikeun interaksi global bisa kajadian leuwih gancang. Dina abad ka-20, kendaraan darat, angkutan intermodal, jeung maskapai penerbangan ngajadikeun transportasi beuki gancang. Panemuan télékomunikasi éléktronik, saperti télépon sélulér jeung Internét, ngajadikeun milyaran jalma bisa silih nyambung ku rupa-rupa cara dina taun 2010.
Remove ads
Sejarah
Globalisasi téh nyaéta prosés nalika dunya jadi silih nyambung alatan dagang jeung silih tukeur kabudayaan antarnagara anu lumangsung sacara lega.Nurutkeun kana buku Pengantar Ekonomi Makro karangan Gilad James, globalisasi geus méré loba kauntungan keur ékonomi dunya lantaran sanggup ngalegaan pasar internasional. Globalisasi mimiti mucunghul ti jaman manusa geus apal kana dagang antarnagara, anu dimimitian dina mangsa peradaban awal, disebut fase globalisasi baheula.[6]
Nagara anu kahiji ngalaksanakeun dagang antarnagara nyaéta India jeung Cina. Tina hubungan ieu, mucunghul silih gumantung anu nyababkeun kabentukna perdagangan global. Perdaganagn global ieu tuluy diiluan ku para padagang Muslim ti rupa-rupa nagara di Asia jeung Afrika. Salian ti dagang, maranéhna ogé nyebarkeun ajaran jeung kabudayaan Islam. Kagiatan ieu nu sok dianggap minangka awal prosés globalisasi.[6]
Remove ads
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
