Glukagon

From Wikipedia, the free encyclopedia

Glukagon
Remove ads

Glukagon nyaéta hormon péptida, dihasilkeun ku sél alfa tina pankréas. Gawéna pikeun ngangkat kadar glukosa jeung asam lemak dina aliran getih, sarta dianggap hormon katabolik utama dina awak.[1] Ieu hormon ogé dipaké pikeun natambaan sababaraha kasakit. Pangaruhna sabalikna ti insulin, anu nurunkeun kadar glukosa ékstrasélular.[2]

Fakta Singget glucagon, Identifiers ...

Pankréas ngaluarkeun glukagon nalika kadar insulin (jeung sacara teu langsung glukosa) dina saluran getih kurang teuing. Glukagon ngabalukarkeun haté ngarobah simpenan glikogén jadi glukosa nu dileupaskeun kana aliran getih.[3] Sabalikna, luhurna kadar glukosa-getih ngarangsang sékrési insulin. Insulin ngamungkinkeun glukosa bisa dicokot jeung dipaké ku jaringan depénden-insulin. Ku kituna, glukagon jeung insulin téh bagian tina sistem eupan balik nu ngajaga stabilna kadar glukosa-getih. Glukagon ngundakkeun dikaluarkeunana énergi; loba dikaluarkeun nalika setrés.[4] Glukagon asup kana kulawarga sékrétin hormon.

Remove ads

Baca ogé

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads