Guam

From Wikipedia, the free encyclopedia

Guammap
Remove ads

Guam (/ˈɡwɑːm/ ( dangukeun); basa Chamorro: Guåhån) mangrupa hiji téritori nu kaorganisasi, teu kagabung ti Amérika Sarikat, aya di Samudra Pasifik. Guam mangrupa hiji ti lima Téritori Amérika Sarikat kalawan hiji pamaréntahan sipil.[3][4] Guam didaptarkeun salaku hiji ti 16 téritori tampa pamaréntahan sorangan ku Komite Dékolonisasi Istiméwa ti Pasarikatan Bangsa-Bangsa.[5] Ibu kotana nyaéta Hagåtña (baheula Agaña). Guam mangrupa bagian nu panggedéna jeung pangkidulna ti Kapuloan Mariana.

Fakta Singget Guåhån, Basa resmi ...
Thumb
Hagåtña ti Bénténg Santa Agueda.
Thumb
Pamandangan basisir di Guam

Urang Chamorro, padumuk asli Guam, kahijina cicing di pulo ieu kira-kira 4.000 taun baheula.[6] Dipanggih ku Ferdinand Magellan nalika ékspédisi Spanyol dina 6 Maret 1521, koloni nu kahiji diwangun dina 1668 ku Spanyol kalawan datangna padumuk kaasup Padre San Vitores, hiji misionaris Katolik. Pulo ieu dikawasaan ku Spanyol nepi ka 1898, basa ditingker ku Amérika Sarikat dina Perang Amérika Spanyol jeung teras resmina dibéré, salaku bagian ti Traktat Paris.

Remove ads

Tempo ogé

Réferénsi

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads