HDMI
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
High-Definition Multimedia Interface (HDMI) nyaéta hiji antarbeungeut (interface) sakabéh audio/vidéo digital anu dirojong ku industri sarta henteu dikomprési. HDMI nyadiakeun antarbeungeut antara sababaraha sumber audio/vidéo digital nu cocog, saperti set-top box, pamuter DVD atawa panarima AV sarta digital audio jeung/atawa monitor vidéo nu cocog, saperti televisi digital (DTV).

HDMI ngarojong vidéo standar, nu di handapan, atawa definisi luhur, ditambah ku audio digital multi-kanal dina hiji kabel nunggal. Hal ieu henteu gumantung kana rupa-rupa standar DTV kayaning ATSC, katut DVB(-T,-S,-C), sabab sakabéhna mangrupa enkapsulasi aliran (stréam) data MPEG, nu diliwatkeun kana dekoder, sarta kaluar jadi data vidéo nu teu dikompres, nu bisa jadi definisi luhur. Data vidéo ieu tuluy dienkode jadi TMDS keur transmisi digital ngaliwatan HDMI. HDMI ogé ngarojong audio digital 8 kanal nu henteu dikompres. Dimimitian ku versi 1.2, kiwari HDMI ngarojong tepi ka 8 saluran audio sa-bit. Sa-bit audio kiwari dipaké dina CD Super Audio.
Konektor HDMI Tipe A standar boga 19 pin, sedengkeun versi nu resolusina leuwih luhur disebut Tipe B, geus didefinisikeun, sanajan can ilahar dipaké oge. Tipe B boga 29 pin, bisa mawa saluran vidéo nu dimekarkeun pikeun dipaké jeung pidangan resolusi luhur. Tipe-B dirancang keur ngarojong resolusi nu leuwih luhur ti 1080p.
HDMI Tipe A cocog ka nu saméméhna jeung Digital Visual Interface (DVI-D) tumbu nyorangan (single-link) nu dipaké dina monitor komputer jeung kartu grafik modéren. Ieu hartina sumber DVI bisa ngajalankeun monitor HDMI, atawa sabalikna, ku cara maké adaptor atawa kabel nu cocog, ngan fitur audio jeung kadali jarak jauh HDMI-na mah moal bisa. Minangka tambahan, tanpa rojongan keur High-Bandwidth Digital Content Protection (HDCP) dina dua bagianana, kualitas katut resolusi vidéona bisa dihaja diturunkeun ku sumber sinyalna pikeun nyegah pamaké lamun hayang nempo, komo deui lamun hayang ngarékam eusi larangan (restricted content). (Nalika ampir sakabéh konéksi HDMI ngarojong HDCP, loba konéksi DVI mah henteu.) HDMI Tipe B cocog ka nu saméméhna kawas DVI tumbu ganda.
Nu ngadegkeun HDMI kasup pabrik éléktronika konsumén Hitachi, Matsushita Electric Industrial (Panasonic/National/Quasar), Philips, Sony, Thomson (RCA), Toshiba, jeung Silicon Image. Digital Content Protection, LLC (cabangna Intel) nyadiakeun HDCP keur HDMI. Minangka tambahan, HDMI boga rojongan ti produser-produser gambar meta Fox, Universal, Warner Bros., jeung Disney, katut operator sistim DirecTV jeung EchoStar (Dish Network), ogé CableLabs jeung Samsung.
Remove ads
Spesifikasi
Saluran TMDS
- Mawa audio, vidéo jeung data tambahan.
- métodeu pasinyalan: saméméhna dumasar kana spesifikasi DVI 1.0. Single-link (HDMI Tipe A) atawa dual-link (HDMI Tipe B).
- Vidéo pixel rate: 25 MHz tepi ka 340 MHz (Type A, dumasak kana 1.3) atawa tepi ka 330 MHz (Type B, dumasar kana 1.2A). Format vidéo kalayan laju sahandapeun 25 MHz (contona 13.5 MHz keur 480i/NTSC) ditransmisikeun maké skema repetisi piksel. Tepi ka 48 bit per piksel bisa dikirim, tanpa merhatikeun lajuna. Supports 1080p60 Archived 2008-05-17 di Wayback Machine.
- Enkoding piksel: RGB 4:4:4, YCbCr 4:4:4 (8-16 bit per komponen); YCbCr 4:2:2 (12 bit per komponen)
- Laju sampel audio: 32 kHz, 44.1 kHz, 48 kHz, 88.2 kHz, 96 kHz, 176.4 kHz, 192 kHz.
- Saluran audio: tepi ka 8.
Saluran DDC
- Ngidinan sumber keur nginterogasi kamampuh pakakas tujuan.
- Pasinyalan I²C kalawan clock 100 kHz.
- Struktur data E-EDID dumasar kana Céa-861D katut VESA Enhanced EDID (V1.3).
Saluran Consumer Electronics Control (CEC) (opsional pikeun diterapkeun, wiring-na mah kudu)
- maké protokol AV Link standar industri
- dipaké keur fungsi kadali jarak jauh.
- Beus serial sakawat bulak-blik (one-wire bidirectional).
- Didefiniikeun dina Spesifikasi HDMI 1.0, diupdate dina HDMI 1.2A.
Proteksi Eusi
- Dumasar kana High-bandwidth Digital Content Protection (HDCP) Spesifikasi 1.10.
Konéktor
Nomer suku (ditempo dina soket):
Remove ads
Versi
HDMI 1.1
Dirili bulan Mei 2004.
- Ngarojong DVD Audio.
HDMI 1.2
Dirilis Agustus 2005.
- Ngarojong saloba-lobana 8 saluran One Bit Audio, dipaké dina Super Audio CD.
- Sayagana konektor HDMI Tipe A keur sumber PC.
- Kabisa sumber PC pikeun maké rohangan kelir RGB asli bari mertahankeun pilihan keur ngarojong rohangan kelir CE YCbCr.
- Minangka sarat keur HDMI 1.2 jeung pidangan sanggeusna pikeun ngarojong sumber tegangan leutik (low-voltage source).
HDMI 1.2a
Dirilis Desember 2005.
- Sagemblengna nangtukeun fitur Consumer Electronic Control (CEC), set parentah, jeung tes kacocogan CEC (CEC comliance tet)
HDMI 1.3
40x40px|link=|alt= | Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |
- Ngaronjatkeun rubak pita tumbu tunggal tepi ka 340 Mhz (10.2 Gbps)
Remove ads
Tempo ogé
- Digital Visual Interface (DVI)
- Unified Display Interface (UDI)
- DisplayPort
- Konéktor VGA
Rujukan
Tumbu luar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
