Hadis
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Hadis (hadits, Basa Arab: حديث) nyaéta hiji hal anu ditujulkeun ka Nabi Muhammad saw, boh dina wangun omongan, gawé, atawa kamerenahanana.[1] Hadis mangrupa sumber hukum Islam kadua sanggeus Qur'an.[1] Firman Allah swt:

... وَمَا ءَاتَاكُمُ الرَّسُولُ فَخُذُوهُ وَمَا نَهَاكُمْ عَنْهُ فَانْتَهُوا...
Hartina: Naon waé anu Rosul bikeun ka maranéh, pék tarima. Naon waé anu Anjeunna larang ka maranéh, pek tinggalkeun...(Q.S Al-Haysr [59]:7)
Remove ads
Fungsi Hadis
Ngarojong sarta nguatkeun naon anu disebutkeun ku Alquran.[1] Ngécéskeun Alquran, boh ku cara ngawincik anu global boh ngatakhsis anu umumna. nunjukkeun ka hukum anyar anu henteu disebutkeun ku Alquran.[1]
Anu dimaksud ku sunnah nyaéta sagala anu asalna tina Kanjeng Nabi, naha dina bentuk kecap, perbuatan atanapi sepi Nabi. Kaasup kana sunnah hadis-hadits anu asalna tina babaturan. Hadits téh asup na Aranjeunna cicing babarengan sareng Rasulullah SAW, aranjeunna nguping sareng nyaksian gerakanna, teras aranjeunna nyarios dumasar kana naon anu aranjeunna ningali atanapi naon anu aranjeunna nguping.
Remove ads
Rupa-Rupa Hadis
Macem-macem hadis aya tilu, nyaéta:
Istilah-Istilah dina Élmu Hadis
Aya sawatara istilah anu perlu dipikanyaho dina nyurtian élmu ngeunaan hadis, nyaéta lafadz-lafadz husus anu disatujuan hartina ku para ahli hadis.[2] di antarana sanad, matan, rawi, sarta rijalul hadis.[2]
Tingkatan Hadis
- Hadis sahih, nyaéta hadis nu datang ti Rasullullah saw., hadis anu ti sagi sanadna bersambung sarta teu cacad ti para perawina, kuat ingetanana/perawina (dabit), perawina adil.[1]
- Hadis hasan, nyaéta hadis anu alus, hadis ieu ampir ngadeukeutan sahih, tapi hadis anu ti sagi sanadnya bersambung, tapi para perawina kurang kuat ingetanana/kurang dabit, mangka tingkatanna di handapeun hadis sahih.[1]
- Hadis Dha'if, nyaéta hadis anu lemah, alatan henteu minuhan sarat hadis sahih sarta hasan.[1]
Remove ads
Rujukan
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
