Hama

From Wikipedia, the free encyclopedia

Hama
Remove ads

Hama nyaéta sato; organismé nu ngaganggu produksi pertanian misalna céléng, bajing, beurit, jeung nu pangutamana serangga[1]. Hama ogé bisa disebut sagala jinis sasatoan nu ngarugikeun jeung ngaganggu tutuwuhan nu eukeur dibudidayakeun ku manusa jeung lain tutuwuhan liar nu aya di alam[2]. Sato ieu bisa nyababkeun karusakan, jeung aya sababaraha sato nu bisa nyababkeun panyakit husus kana tutuwuhan.[2] Lamun diklasifikasikeun, hama bakal dogolongkeun kana sababaraha jinis.[2] [3] Hama teu datang tina luhur taneuh waé, bisa ogé tina jero taneuh éta sorangan.[2] Hama saperti ieu sok narajang tutuwuhan nu dicokot beutina hususna kentang[2]. Hama nu dikenal salaku nématoda sistem konéng ieu narajang keur usum hujan, akibatna kentang jadi gering nu dicirikeun ku konengna daun anu saterusna bakal paéh.[2][4]

Thumb
Simeut salaku hama


Remove ads

Jinis hama tutuwuhan

  • Molusca, di antarana bekicot, siput, jeung sajabana.[2]
  • Aves, bangsa manuk, hayam (lamun ngaganggu/ngadaharan tutuwuhan).[2]
  • gegeremet, jins nu panglobana, misalkeun simeut, hileud, wereng, kumbang, jeung sajabana.[2]
  • Mamalia, Beurit nyaéta salah sahiji conto nu sok kapanggih.[2]

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads