Hujan asam
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Hujan asam nyaéta hujan atawa bentuk présipitasi lianna anu sacara teu wajar watekna asam, ku naékna kadar ion hidrogén (pH leutik). Balukarna goréng pikeun tutuwuhan, sato cai, jeung infrastruktur. Hujan asam téh balukar tina émisi sanyawaan amonia, karbon, nitrogén, jeung walirang nu ngahiji jeung molekul cai di atmosfir nu ngahasilkeun asam. Pikeun ngungkulanana, pamaréntah sababaraha nagara geus nyieun tarékah ti taun 1970-an, utamana pikeun ngurangan produksi oksida walirang. Najan kitu, ieu prosés mémang lumangsung sacara alami, di antarana tina gelap jeung gunung bitu.

Remove ads
Watesan
"Hujan asam" téh istilah populér nu nujul ka déposisi baseuh (hujan, salju, hujan és, halimun, awan, ibun) jeung garing (partikel jeung gas) komponén nu watekna asam. Istilah nu leuwih méré nah nyaéta "déposisi asam".
Cai sulingan, nu karbon dioksidana geus dileungitkeun, boga pH nétral 7. Cairan anu pH-na kurang ti 7 boga watek asam, anapon anu leuwih ti 7 watekna basa. Hujan anu 'bérésih' atawa teu ngalaman polusi watekna rada asam, pH kira 5,2, ku sabab karbon dioksida jeung cai di udara jadi asam karbonat, hiji asam lemah, tapi ogé ngandung jat kimia lianna[1].
- H2O (l) + CO2 (g) → H2CO3 (aq)
Asam karbonat bisa diionkeun dina cai jadi ion hidronium jeung karbonat anu kadarna saeutik:
Déposisi asam salaku isu lingkungan ogé bisa ngawengku asam H2CO3.
Remove ads
Baca ogé
- Hujan basa
- Polusi udara
Rujukan
Bacaan salajengna
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads