Inuman
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Inuman ilaharna nujul kana sagala rupa cairan nu diteleg. Kecap ieu kadang-kadang dipaké keur harti nu leuwih heureut, keur inuman nu ngandung alkohol.

Jenis cai inuman
Cai herang
Ilaharna manusa ngonsumsi cai herang nu bérésih, herang jeung steril minangka inuman utama keur dikonsumsi, tur ieu téh kacida hadéna keur kasehatan. Cara-cara nyeterilkeun cai di antarana:
Cai warnaan


Lian ti cai herang, inuman ogé loba rupana, boh keur acara resmi, istirahat, atawa acara santey di imah. Unggal wewengkon mibanda inuman has sewang-sewangan. Inuman nu ilahar disuguhkeun di antarana:
Inuman has Indonésia
- Inuman panas
- Inuman tiis
- Céndol
- És télér
- Bir peletok
- És cingcau
Inuman tradisional Sunda
- Bajigur: nyaéta inuman anu rasana amis, dijieunna tina cipati dicampuran gula kawung jeung cangkaléng, diseungitan ku daun pandan, nyieunna digodogkeun.
- Bandrék: inuman nu rasana amis lada, dijieunna tina cai dicampuran gula kawung jeung jahé, nyieunna digodogkeun.
- Céndol: kadaharan sabangsa dawet, dijieunna tina aci kawung, jsté, digéréntél-géréntél, didaharna maké peueut dicipatian
- Cingcaw: kadaharan jiga ager héjo nu dijieun tina daun camcauh, didaharna maké sirop.
- Goyobod: sabangsa kadaharan tina tipung atawa aci jeung ager, didaharna jeung alpuket maké sirop diésan.
- Lahang: cai amis tina leungeun kawung, kalapa jeung sabangsa palem lianna, sok diinum, atawa dijieun gula.
- Sakoteng: ngaran sarupa kadaharan tina aci sampeu sina pasagi sarta dipulas jiga siki dalima, ditinyuh ku gula jeung cipati panas ditambahan ku roti meunang ngeureutan sagedé-gedé dadu.
- Sirop: cai gula kentel dicampuran sari bungbuahan jsté., nu beunang dililakeun, diinumna ditambahan cai és jsté.
- Téh tubruk: inuman anu dijieun tina cai dicampur entéh, dina nyieunna entéh ditinyuh ku cai panas ngagolak, dicampur ku gula bodas.
Remove ads
Tumbu luar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads