Jambu bool

From Wikipedia, the free encyclopedia

Jambu bool
Remove ads


Jambu Bool (Syzygium malacence atawa Eugenia malacensis) nyaéta salah sahiji tutuwuhan buah nu asup kana Suku Myrtaceae (suku jambu).[1] Tangkal buah ieu mangrupa tutuwuhan asli ti ti Malaysia jeung Indonesia.[2] Di dunya, tutuwuhan ieu miboga loba ngaran lokal, kawas Mount Apple, Malaysia Apple, 'Ohi'a Ai, Rose Apple, Melayu Apple, Pomerac, jeung Otaheite-Apple.[2] Sanajan buahna nyarupaan buah apel, Jambu bool lain bener-bener apel jeung teu boga patali kakulawargaan.[2]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah ...
Remove ads

Karakteristik

Tutuwuhan ieu miboga sifat umur perennial alias tutuwuhan umur panjang (taunan), jeung tumuwuh wangun tangkal.[2] Jangkungna bisa nepi ka 50 kaki (15 m).[2] Kembangna miboga warna beureum, beureum ngora jelas pikeun varietas cerise, jeung bodas (langka).[2] Usum kembang teu nangtu kembang-kembang ieu sok kalaluar bulan Januari sedengkeun buahna sok di ahir bulan Maret.[2]

Referensi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads