Jeruk limo
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Jeruk limo; Citrus amblycarpa disebut; sokdisebut ogé jeruk sambel nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga.[1] Ieu jeruk sok dimangpaatekun pikeun sambara dina sababaraha olahan kadaharan, utamana sambel, saté, siomay jeung sajabana.[1] Jeruk Limo sok patukeur jeung jeruk purut, anu katémbong pisan bedana tayalian ti ukuranna. Jeruk purut mah leuwih leutik tibatan jeruk Limo.[2] Dina basa Indonésia sok disebut : jeruk limau; jeruk limu; jeruk sambel.
Remove ads
Ciri mandiri
Tangkalna mangrupa rungkun leutik, jangkung ngan nepika 1-2 méter. Buahna ogé laleutik, diameter 2–3 cm.[1] Daun majemuk, kelirna héjo kalawan kaangseu seungit.[1] Kembangna bodas laleutik tur kaangseu seungit mangsa keur mangkak ligar.[1] Buah mibanda kelir héjo, lalaunan robah jadi semu konéng mangsa geus kolot. [1] Kulit buahna kandel, katempo karijut sarta kaangseu seungit anu mandiri. [1] Daging buahna bodas sarta mibanda rasa haseum.[1]
Remove ads
Guna jeung mangpaat
Daun jeung buahna dimangpaatkeun pikeun campuran bungngbu masakan, kayaning sambel, bakmie, soto, siomay, jeung sajabana.[1][3]
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
