Juhara

From Wikipedia, the free encyclopedia

Juhara
Remove ads

Juhara (ᮏᮥᮠᮛ) atawa Vénus (ᮗᮦᮔᮥᮞ᮪) atawa Sukra (ᮞᮥᮊᮢ) nyaéta planét pangdeukeutna kadua ti panonpoé sanggeus Mérkurius. Remen dilandi ku sebutan béntang timur (lamun subuh témbong di wétan), béntang barat (lamun magrib témbong di kulon), nelah ogé ku sebutan béntang kejora.[1] Planét ieu ngabogaan radius 6.052 km sarta ngurilingan panonpoé dina waktu 225 poé. Atmosfir Vénus ngandung 97% karbondioksida (CO2) sarta 3% nitrogén, antukna ampir mustahil aya kahirupan.

Juhara / Vénus / Sukra ♀
Thumb

Arah rotasi Vénus lalawanan jeung arah rotasi planét-planét séjén. Sajaba ti éta, jangka waktu rotasi Vénus leuwih lila batan jangka waktu révolusina dina ngurilingan panonpoé.

Kandungan atmosfirna anu pinuh ku CO2 ngalantarankeun suhu kulitna pohara panas alatan éfék imah kaca. Atmosfir Vénus kandel sarta sok dipindingan ku méga. Ahli astrobiologi norah yén dina lapisan awan Vénus termobakteri nu tangtu masih bisa ngalangsungkeun kahirupan.

Remove ads

Réferénsi

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads