Kabupatén Sléman
kabupatén di Indonésia From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kabupatén Sléman, nyaéta salah sahiji kabupatén di Propinsi Daérah Istiméwa Yogyakarta, Indonésia. Ibukotana nyaéta Sléman. Kabupatén ieu wawatesan jeung Propinsi Jawa Tengah di beulah kalér jeung wétan, Kabupatén Gunung Kidul, Kabupatén Bantul, jeung Kota Yogyakarta di beulah kidul, sarta Kabupatén Kulon Progo di beulah kuloneunnana. Sléman kasohor minangka daérah asalna salak pondoh.
Remove ads
Géografi
Beulah kalér kabupatén ieu mangrupa pagunungan, kalayan ponclotna Gunung Merapi dina wawatesan jeung Jawa Tengah, salah sahiji gunung berapi aktif nu pangbahyana di Pulo Jawa. Walungan-walungan gedé nu ngaliwatan kabupatén ieu nyaéta Kali Progo (ngawatesan kabupatén Sléman jeung Kabupatén Kulon Progo), Kali Codé, jeung Kali Tapus.
Pamaréntahan
Kabupatén Sléman kabagi jadi 17 kacamatan, nu dibagi deui jadi 86 désa jeung kalurahan. Pusat pamaréntahan aya di Kacamatan Sleman, nu aya dina jalur utama antara Yogyakarta - Semarang.
Pangatikan
Sababaraha paguron luhur nu aya di Yogyakarta sabenarna sacara administratif aya di wilayah kabupatén ieu, di antarana:
- Universitas Gadjah Mada
- Universitas Negeri Yogyakarta
- Universitas Islam Negeri (IAIN Sunan Kalijaga) Yogyakarta
- Universitas Islam Indonesia
- Universitas Sanata Dharma Yogyakarta
- Universitas Pembangunan Nasional "Veteran" Yogyakarta,
- Universitas Atmajaya Yogyakarta
- STIE YKPN Yogyakarta
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads