Kaliki
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kaliki (Ricinus communis) nyaéta tangkal anu hirupna nahun, kembangan, buahna ngaranggeuy tur baruluan, daunna ngan hiji dina sagagang ngarangkadak kawas ramo jumlahna aya 7 nepika 9 ramo, mangrupa hiji-hijana spesies dina genus monotypic, Recininae, Tangkalna ngarungkun, Tangkal kaliki mibanda ngaran daérah anu béda-béda, di Jawa disebut jarak, balacai ternate, paku penuai timor, di Sumatra tangkal kalili disebut Dulang aya ogé anu nyebut Gloah, di Madura disebut Kalek[2]. Mangsa dewasa tangkal kaliki buleudan tangkalna bisa nepikeun ka 10–40 cm, ku bantuan alat-alat moderen tangkal kaliki kiwari keur ditaluntik ngeunaan evolusi tur patula patalina jeung spesies séjén.[3]
- Pikeun genus sato Ricinus (Insecta, Phthiraptera) , tempo Ricinus (sato).
Remove ads
Pedaran
Communis ricinus atawa kaliki mibanda loba varietas anu mibanda ciri mandiri séwang-séwangan naha dina kabiasaan hirup atawa dina katempona (variabilitas). Kaliki geus dipelak kalawan dina jumlah anu loba pikeun diala sikina anumangrupa bahan piminyakeun/diolah pikeun diarah minyakna , dina tumuwuhna tangkal kaliki gancang pisan mangrupa rungkun anu nahun tangkalna bisa waé nepika 12 méter hanjakal tangkal kaliki henteu bisa tumuwuh di wewengkon anu tiis.[4]
Remove ads
Sajarah
Siki kaliki geus kapanggih dina kuburan-kuburan di Mesir, minyakna lila hurung loba dimangpaatkeu pikeun cempor, obor, jeung lampu paragi nyaangan anu séjéna. di Yunani dipaké ogé pikeun ubar gosok, ubar nyeri beuteung, jeung paragi nyuburkeun buuk. The Ebers Papyrus nyaéta catetan ubar-ubar jaman Mesir.
Mangpaat kaliki
Anu ilahar dimangpaatkeun tina tangkal kaliki nyaéta:
- Daun kaliki mibanda mangpaat pikeun ngubaran bunghak beuteung alatan asup angin ogé nyeuri beuteung alatan hésé miceun
- Gagang daun kaliki bisa dipaké ngubaran nyeri ceuli
- Geutahna bisa dimangpaatkeun pikeun ngubaran raheut, jeung kulit bolédéh ku sabab sariawan, atawa raheut séjéna
- Sikina diarah minyakna pikeun loba kabutuhan[5]
Tutumbu kaluar
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads