Kalium
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kalium atawa potasium mangrupa salah sahiji unsur logam alkali anu miboga simbol K.[1] Kalium miboga nomer atom 19 jeung beurat atom 39,0983.[2] Unsur ieu jumlahna ngalimpah di alam ngan sok aya dina wangun senyawa.[2] Anu uyahna dipaké dina widang kaséhatan.[2] Kalium mangrupa mineral penting nu mantuan ngatur fungsi jantung, tekanan getih jeung saraf jeung aktivitas otot.[3] Kalium dipikabutuh ogé pikeun métabolisme karbohidrat jeung protéin jeung ngabantuan ngajaga pH nu bener dina awak.[3]

Remove ads
Referensi
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
