Karéta api Pangrango
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Karéta api Pangrango (Aksara Sunda Baku: ᮊᮛᮦᮒ ᮃᮕᮤ ᮕᮍᮢᮍᮧ) nyaéta karéta api lokal jarak manengah anu ngalayanan ruteu Stasion Bogor Palédang - Stasion Sukabumi. [1] Karéta ieu dijalankeun jeung Karéta api Siliwangi anu nagalayanan ruteu Stasion Sukabumi - Stasion Cianjur (asalna Karéta api Pangrango ngalayanan ruteu Palédang-Cianjur-Sukabumi, sedengkeun Karéta api Siliwangi ngalayanan ruteu Sukabumi-Cianjur-Palédang, mung dirobah per tanggal 21 Januari 2015). [1] Karéta ieu dioperasikeun ku Daérah Operasi I Jakarta.[1]
Remove ads
Stasion nu dilayanan
- Stasion Bogor (langsir lokomotip wungkul)
- Stasion Palédang
- Stasion Batutulis (sababaraha jadwal langsung)
- Stasion Maseng
- Stasion Parungkuda
- Stasion Cigombong
- Stasion Cicurug
- Stasion Cibadak
- Stasion Karang Tengah
- Stasion Sukabumi [2]
Spesifikasi karéta
- Lokomotip CC206
- 1-2 karéta api éksekutip (K1)
- 3-4 karéta api ékonomi (K3)
- 1 karéta makan pembangkit (KMP3/KMP1) [1]
Jadwal
Karéta api Pangrango dijalankeun 3 kali, boh ka Bogor Palédang, boh ka Sukabumi. [2] Karéta ieu jeung Karéta api Siliwangi "mondok" di Stasion Sukabumi.[2] Jadwal nu leuwih lengkepna tingali di Wikipédia Basa Indonésia.
Insidén
- Tanggal 3 Januari 2014 tabuh 14.05, KA 7118 Pangrango rélasi Bogor Paledang - Sukabumi anjlok di Jambatan Pamoyanan, Cicurug, Sukabumi, Jawa Kulon lantaran aya rél anu potong. [3] Euweuh korban jiwa dina insidén ieu. [3] 1 karéta makan anu aya di rangkéan pangtungtungna ampir tiguling lantaran nincak rél nu potong. [3] Ahirna karéta makan éta dileupaskeun jeung ditinggalkeun tina rangkéan, karéta maju deui, sanajan euweuh aliran listrik jeung pasilitas réstorasi. [3] Rél diomékeun nepi ka bérés tabuh 21.25, jeung ngoméan bantalan anu potong jeung isukna KA bisa ngaliwat normal.[3]
Remove ads
Tingali ogé
Karéta api Siliwangi, karéta api lokal taratas anu ngalayanan ruteu Stasion Sukabumi-Stasion Cianjur
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads