Kawung
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kawung (Arenga pinnata (Wurmb) Merr.[2]) tangkal Arecaceae pituin alam tropis Asia, ti India wétan nepi ka Malaysia, Indonésia, jeung Pilipina.[3] gedéna kaasup palem ukuran sedeng, jangkungna bisa nepi ka 20 m, anu watangna renjul ku puhu dahan/barangbang. Panjang daunna 6–12 m, sedengkeun lébarna 1,5 m, diwangun ku jarum daun nu lobana 1-6 kolom (panjang 40–70 cm, lébar 5 cm). Buahna, katelah 'caruluk', ngaruntuy, diaméterna 7 cm.[4][5][6]
Najan teu digolongkeun kaancam punah, di sababaraha wewengkon mah ieu spésiés beuki carang populasina.

Remove ads
Ciri mandiri
Ieu tutuwuhan boga habitus palem, bentukna badag tur jangkung, anu jangkungna nepi ka 20-30 méter. Diaméterna nepi ka 65 cm. Daunna majemuk nyirip, saperti daun kalapa, panjangna nepi ka 5 méter, kalawan ranggeuyna bisa nepi ka 1,5 méter. Bentuk anak daunna saperti pita. Warnana héjo kolot di bagian luhur sarta bodas di bagian handap ku lantaran aya lapisan lilin.[7]
Ieu tutuwuhan téh monoeceous, hartina kembang jalu jeung kembang bikang aya dina hiji individu. Buahna teu bisa didahar langsung ku sabab masih kénéh aya geutah anu matak arateul.[8]

Remove ads
Mangpaat
Masarakat tradisional mikawanoh kawung ku loba mangpaatna, kayaning diala lahang na pikeun diinum atawa dijieun cuka, gula, diala injukna, pakang, harupat, ruyung, lunglum atawa kawul, daun kawung, jeung nyéré, buahna cangkaléng tur tangkalna ogé beunang ngeueuman dimangpaatkeun pikeun parab ingon-ingon hususna meri .[4]
Galéri
- Buah kawung (cangkaléng) beunang meuleum
- Caruluk (buah kawung) anyar ngala
- Nyadap tangkal kawung
- Tangkal kawung
Rujukan
- Ayip Rosidi spk. (2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, dan Budaya. Pustaka Jaya, Jakarta.
- Hawe Setiawan (7 Okt. 2006). Sundapedia: Jagat Kawung[tumbu nonaktif]. Pikiran Rakyat.
- Kew Palms Checklist: Arenga pinnata
- Germplasm Resources Information Network: Arenga pinnata
- Global Compendium of Weeds: Arenga pinnata Archived 2007-09-29 di Wayback Machine
- Fairchild Tropical Botanic Garden: herbarium specimen
- PACSOA: Arenga pinnata Archived 2008-01-03 di Wayback Machine
![]() |
Wikispecies mibanda émbaran ngeunaan: Arenga pinnata |
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads