Kazakstan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kazakhstan (basa Kazakh : Қазақстан / Qazaqstan dina aksara Latin, basa Rusia : Казахстан / Kazakhstan), resmina dikenal Républik Kazakhstan, nyaéta hiji nagara Antarbuana nu sabagian loba daérahna kaasup wewengkon Asia Tengah jeung sabagian alit lianna kaasup wewengkon Éropa Wétan. Daérahna ngampar ti barisan Pagunungan Altai di wétan, nepi ka Laut Kaspia di kulon, ngajieun nagara ieu nagara panglegana ka-9 di dunya, ka-2 panglegana dina nagara-nagara peupeusan Uni Soviét saméméh Rusia. Kalobaanana daérahna tepung wates jeung Rusia, utamina di kalér jeung kulon. Di wétan, tepung wates jeung Républik Rahayat Cina (propinsi Xinjiang). Di kidul tepung wates jeung Uzbékistan, Turkménistan, Kyrgyzstan jeung Laut Kaspia. Tempat panénggoran rokét antariksa Rusia, Baikonur, aya di Kazakhstan.
Remove ads
Sajarah
Bangsa Kazakh mangrupa etnik panglobana nu nempatan daérah Kazakhstan jeung mangrupa katurunan ti kabilah Turki jeung Mongol. Di awal abad 18, Kazakhstan dieréhan ku Rusia. Dina abad 19, jeung wewengkon di Asia Tengah lianna, populasi Kazakhstan ngenalan jeung ngagem agama Islam. Nalika révolusi komunis meunang di Rusia jeung Uni Soviet diwangun, ti taun 1920, Kazakhstan dijadikeun salah sahiji ti 15 nagara nu kaasup dina Uni Soviét. Kazakhstan mroklamasikeun kamerdékaanna dina 16 Désémber 1991.
Remove ads
Tempo ogé
Catetan suku
Tumbu luar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads

