Kiara

From Wikipedia, the free encyclopedia

Kiara
Remove ads

Kiara; Ficus procera nyaéta hiji tangkal nu asalna tina kulawarga Moraceae.[1] Ki ara sok disebut langsung “ki ara” mangrupa tangkal nu mimiti hirupna mibanda sipat Épifit.[2] Tayalian binih siki buah ki ara nu merentis sirungan sok bijil dina, rengat nu aya dina tangkal kai, kulit kali nu beueus, atawa liang nuaya dina tangkal, sakapeung kapanggih bijil sirung dina sela-sela tembok.[3] Di alam liar tangkal kiara kaasup tangkal kai gedé sarta mibanda umur kolot bisa ratusan taun, tangkal ki ara baheula jadi hiji tangkal nu mibanda ajén luhur utamana dipercaya sok dipikaresep tur diancikan ku karuhun jeung mahluk goib.[4]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Remove ads

Ciri Mandiri

Daun ki ara kelirna héjo, rubak tur heuras, wujudna semu lonyod.[5] Pucuk ki ara kelirna semu beureum ruhruy, mimiti bijil disimbutan kénéh ku salumpit lamun daun ngora geus bijil éta salumpit marurag kusorangan.[5]

Nyebar jeung ngarekahan

Sarua jeung spésiés ara nu séjén, ki ara ngahasilkeun buahna dina wujud nu mibanda struktur anu dingaranan "syconium".[6] Ieu syconium spésiés Ficus mangrupa panyumputan sarta kadaharan pikeun rupa2 gegeremet utamana éngang nu sakaligus ngabantu dina prosés pembuahan.[6]

Manuk cangkurileung jeung manuk séjén nu sok ngakan buah ki ara sacara teu langsung geus ngabantu dina nyebarkeun birih ieu tangkal.[6] Kotoran manuk nu mibanda siki ki ara bisa ragrag di mana waé, dina dahan tangkal, sela-sela batu, liang nu aya dina gawir jeung sajabana. Dimana tempatna nu beueus tur iuh siki ki ara engké baris sirungan, lalaunan bijil daun sarta akar nu baris kaluar mapay tangkal di mana manéhna jadi, tuluy ka handap nepika manggihan taneuh nanceb ka jero tur ieu akar ngagedéan.[7] Lila kalilaan akarna nambah loba tur ngagedéan nepika meulit tangkan nu tadina diiluan hirup.[8][9]

Remove ads

Guna Jeung Mangpaat

Tangkal kiara sanajan jangkung gedé, kaina henteu loba dimangpaatkeun pikeun bahan bangunan ku lantaran kurang mibanda kakuatan.[10] Kajaba buahna sok ngahaja di arah pikeun maraban sato ingon-ingon jeung kaperluan séjén.[10] Kiwari ki ara loba dimangpaatkeun pikeun papaés buruan, sagigireun henteu réwél tangal kiara bisa diréka-réka sarta bisa dijieun bonsai.[11]

Dicutat tina

Tutumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads