Kirata

From Wikipedia, the free encyclopedia

Remove ads

Kirata nyaéta istilah basa anu ngarujuk kana nyieun papanjangan atawa harti dina kecap anu geus aya tiheula. Kecap kirata éta sorangan mangrupa kirata tina kira-kira sugan nyata.[1] Kirata ilahar aya di basa Sunda ku lantaran Urang Sunda anu mindeng tur beuki nyieun singgetan-singgetan atawa papanjangan-papanjangan tina kecap anu geus aya pikeun heuheureuyan baé.

Salian di basa Sunda, kirata ogé dipikawanoh di basa séjén, saperti basa Indonésia, basa Inggris, jeung sajabana.

Remove ads

Conto kirata

  • Korsi (cokor di sisi)
  • Guru (digugu jeung ditiru)
  • Sémah (ngahésékeun nu boga imah)
  • Cacangkir (panyangcang pikir)
  • Tampolong (tamba nempo ka kolong)
  • Dasi (dina dada ngarah aksi)

Tingali ogé

Basa

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads