Koaci
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Koaci (瓜籽 guā zǐ, siki waluh) nyaéta kadaharan anu dijieun tina siki samangka, waluh gedé, kembang sarangéngé, beunang nyangray nepika garing tuluy diuyahan.[1] Sangkan leuwih seungit, mangsa nyangray koaci sok ditambahkeun bahan-bahan kayaning: daun pandan, séréh, kayu manis, jeung sajabana.[2] Koaci beunang nyangray hasilna bisa ditunda dinawaktu anu kawilang lila tur henteu ngarandapan karuksakan atawa tengi.[1]

Kandungan gizi anu aya dina koaci gumantung kana bahan asal tina koacina, upama Koaci siki kembang sarangéngé kelirna semu hideung, mibanda kandungan vitamin B kompleks, vitamin B6, jeung vitamin E.[3] Kandungan séjénna taya lian minyak sarangéngé anu mibanda asam lemak tak jenuh (88%), asam linoleat ti mimiti 44% nepikeun ka 72%, protein koaci siki samangka jeung siki kembang sarangéngémasing-masing 28,3 g/100 g jeung 22,8 g/100 g.[1] Kandungan lemak dina siki koaci samangka 47,4 g/100 g jenu siki kembang sarangéngé 49,6 g/100 g.[1]
Remove ads
Dicutat tina
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
