Kortison
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kortison nyaéta hormon stériod prégnana (21-karbon) anu dikaluarkeun ku kelenjar adrénal dina nyanghareupan setrés. Sacara wangun kimia, ieu sanyawa kortikostéroid anu deukeut jeung kortisol. Kortison biasa dipaké natambaan rupa-rupa nyeri, ku cara neken sistem imun, ku kituna ngurangan peradangan/inflamasi anu dibarung ku nyeri jeung bareuh lebah nu tatu. Lamun dipaké matuh, kortison bisa bahya ogé. [1] [2]
Remove ads
Pangaruh jeung mangpaat
Kortison, glukokortikoid, jeung épinéfrin (adrénalin) ngaronjatkeun tekanan getih sarta nyiapkeun awa pikeun réspon lawan atawa ngejat.
Injéksi kortison bisa dipaké pikeun natambaan nyeri & bareuh saharitaeun dina peradangan sendi, urat, atawa bursa, upamana dina tuur, siku, jeung taktak.[1]
Kortison ogé bisa dipaké pikeun ngurangan réspon imun jalma anu boga kasakit otoimun atawa nalika natambaan cangkok organ pikeun nyegah panolakan cangkokan. Suprési sistem imun ogé penting dina ngubaran kondisi peradangan. [3]
Remove ads
Rujukan
Bacaeun salajengna
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
