Kota

From Wikipedia, the free encyclopedia

Kota
Remove ads

Kota, numutkeun définisi universal, nyaéta hiji daérah urban anu béda jeung désa atawa kampung dumasar kana ukuran, kapadetan pangeusi, kapentingan, atawa status hukumna.

Informasi leuwih jero Babagian administratif di Indonésia, Pancasila ...
Thumb
Kota
Thumb
Tampere, kota nagara Finlandia

Dina kontéks wilayah di Indonésia, kota mangrupa babagian wilayah administratif di Indonésia sanggeus propinsi, nu dipingpin ku walikota. Sejaba ti kota, babagéan wilayah administratif sanggeus propinsi nyaéta kabupatén. Sacara umum, kabupatén jeung kota mibanda wewenang nu sarua. Kabupatén lain bawahan propinsi, sabab bupati atawa walikota henteu tanggung jawab ka gubernur. Kabupatén atawa kota mangrupa daérah otonom nu miboga wewenang ngatur jeung ngurus urusan pamaréntahannana sorangan.

Saméméhna, istilah kota dipikawanoh minangka Daérah Tingkat II Kotamadya. Ti saprak dilarapkeunna Undang-undang Nomer 22 Taun 1999 ngeunaan Pamaréntahan Daérah, istilah Daérah Tingkat Kotamadya diganti jadi ukur kota wungkul. Istilah "Kota" di propinsi Nanggroe Acéh Darussalam disebut ogé "Banda"

Remove ads

Tempo ogé

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads