Krépa

From Wikipedia, the free encyclopedia

Krépa
Remove ads

Krépa atawa Kripa (Kṛpa) atawa Kripacharya (Guru Kripa), nyaéta salah saurang inohong dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh anak Resi Baradwaja, sarta jadi guru para pangéran Kuru di Astinapura.

Krepa
Thumb

Mimitina mah Krépa hirup di leweung babarengan jeung adina nu ngaranna Kripi. Hiji waktu Prabu Santanu ti Astinapura moro ka tengah leuweung. Alatan ngarasa watir ku kaayaan maranéhanana, Prabu Santanu ngukut Krépa jeung Kripi, tuluy dibéré atikan. Alatan kamahéran Krépa dina élmu ngagunakeun pakarang, tungtungna manéhna diangkat jadi pajabat di Astinapura sarta dibéré kapercayaan pikeun ngatik para pangéran Kuru (Pandawa jeung Kurawa).

Dina waktu perang Baratayuda, Krépa turun jurit keur pihak Kurawa. Manéhna salah saurang batur Aswatama nu ngabales dendam kaéléh Kurawa dina panungtungan BAratayuda.


Informasi leuwih jero Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa, Dinasti Kuru ...
Remove ads
Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads