Kromosom
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kromosom nyaéta wangun beundeulan DNA jeung protéin nu aya di inti sél. Hiji kromosom téh hiji molekul DNA nu ngandung gén, unsur pangatur, jeung sékuéns nukléotida. DNA dina ieu kromosom téh dibeungkeut jeung dibeundeul ku protéin pikeun ngatur fungsina.

Kromosom téh rupa-rupa kumaha organismeuna. Molekul DNA-na bisa sirkulér, bisa ogé linéar, sarta diwangun ku puluhan kilobasa nepi ka ratusan mégabasa pasangan nukléotida. Hususon sél eukariota (nu ngandung inti), kromosomna badag linéar, sedengkeun sél prokariota (nu teu boga inti) mah sirkulér leutik, najan aya ogé hiji-dua nu teu luyu jeung ieu aturan. Dina sél eukariota, aya ogé sél-sél anu ngandung dua tipeu DNA sakaligus, nyaéta sél anu ngandung mitokondria atawa kloroplas (nu boga DNA sorangan).
Dina eukariota, kromosom inti dibeundeul ku protéin jadi bentuk padet nu disebut kromatin, antukna molekul DNA anu sakitu panjangna téh meujeuh di jero inti sél. Wangun kromosom jeung kromatin rupa-rupa gumantung mangsa daur sél. Kromosom bisa aya dina kaayaan digandakeun atawa henteu—kromosom nu teu digandakeun wangunna linéar tunggal, sedengkeun nu digandakeun (disalin nalika faseu S) ngandung dua salinan nu nyambung dina séntromér. Wangun kromosom anu keur digandakeun mangsa mitosis jeung méiosis ngahasilkeun wangun klasik opat leungeun (gambar katuhu).
Kecap kromosom dicokot tina basa Yunani χρῶμα (chroma, kelir) jeung σῶμα (soma, awak) dumasar kana kelirna nu teges lamun geus diwarnaan.
Remove ads
Kromosom eukariot
Eukariota (sél nu boga inti kawas tutuwuhan, kapang, sato) mibanda sababaraha kromosom linéar nu dikandung dina intina. Unggal kromosom boga hiji séntromér nu boga hiji atawa dua leungeun. Lian ti éta, eukariot ogé lolobana boga génom mitokondria anu sirkulér jeung kromosom sitoplasmik leutik anu liniér. Dina inti, DNA digulung dina histon (protéin struktural) jadi bentuk komposit anu disebut kromatin.
Kromatin

Kromatin téh kompléks DNA jeung protéin anu aya dina inti eukariota nu ngabungkus kromosom. Aya rupa-rupa wangun kromatin, gumantung kana hambalan daur sélna.
Kromatin interfaseu
Dina interfaseu (mangsa sél teu keur meulah manéh), urang bisa ngabédakeun dua tipeu kromatin:
- Eukromatin: ngandung DNA nu aktif (nyandi protéin).
- Hétérokromatin: ngandung DNA nu lolobana teu aktif, gedé kamungkinanana boga fungsi struktural dina hambalan kromosomal. Salajengna, hétérokromatin dibédakeun jadi dua tipeu:
- Hétérokromatin konstitutif nu teu kungsi diéksprésikeun. Perenahna aya di sabudeureun séntromér sarta biasana ngandung sekuéns ulangan.
- Hétérokromatin fakultatif nu kadangkala diéksprésikeun.
Kromosom teu bisa dibédakeun dina ieu hambalan, sabab dina inti nyampur jeung protéin.
Remove ads
Kromosom manusa
Sél manusa bosa 23 pasang kromosom inti linéar, antukna sasélna aya 46, ditambah DNA mitokondria anu jumlahna ratusan. Sékuénsing génom manusa geus mébérkeun rupa-rupa émbaran nu bisa ditalungtik ti unggal kromosom. Di handap ieu dibéréndélkeun statistik masing-masing kromosom dumasar kana laporan Sanger Institute dina gudang data Vertebrate Genome Annotation (VEGA)[1]. Jumlah gén dikira-kira dumasar prédiksi gén, kitu ogé panjang kromosomna.
Remove ads
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads
