Kuman
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Kuman atawa patogén hartina agén biologis nu ngabalukarkeun kasakit atawa panyakit ka inangna.
Istilah ieu mindeng dipaké pikeun agén anu ngaruksak pisiologi normal sato atawa tutuwuhan multisélulér. Najan kitu, kuman bisa ogé nginféksi organisme sél tunggal ti sadaya karajaan biologis. Istilah patogén diturunkeun tina kecap Yunani παθογένεια, "datangna nyeri".
Aya sababaraha substrat jeung jalur panarajang kuman, nu utamana mah ngaliwatan udara/engapan; cai/katuangan, kontak kulit; kontak sato (véktor).
Awak manusa mibanda taméng alami pikeun ngalawan kuman, dina bentuk sistim imun jeung sababaraha baktéri nu aya dina awak manusa. Najan kitu, mun sistim imun atawa baktéri "alus" téa ruksak (misalna alatan kémoterapi, HIV, atawa antibiotik), baktéri patogénik nu tadina bisa katahan téh bisa narajang inangna. Kasus modél kieu disebutna inféksi oportunistik.
Remove ads
Rupa-rupa kuman
Di handap ieu béréndélan sababaraha kuman, digolongkeun dumasar ciri strukturna, katut balukarna ka nu katarajang.
Remove ads
Baca ogé
- Épidemiologi
- Kasakit tina katuangan
- Mikrobiologi
Rujukan
- Pathogen, Wikipédia édisi basa Inggris
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads