Leunca

From Wikipedia, the free encyclopedia

Leunca
Remove ads

Leunca (Solanum nigrum) ngaran hiji spésiés tutuwuhan dina genus Solanum, pituin Eurasia nu disebarkeun ka Amérika jeung Australasia, tumuwuh liar, jangkungna 30–120 cm, daunna rérégéan, panjangna 4-7,5 cm. Buahna buleud sababaraha dina sagagang, kelirna héjo (ngora) nepi ka hideung (kolot), sok didahar pikeun lalab.[1]

Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Remove ads

Toksisitas

Leunca nu héjo kénéh jeung daunna anu geus kolot ngandung glikoalkaloid antukna ngandung racun mun didahar atah. Toksisitasna teu sarua, gumantung galurna[2]. Najan jarang pisan nepi ka parna karacunanana, kungsi aya laporanana. Racunna téh cenah asalna tina solanin[3].

Katuangan

Di Tatar Sunda jeung India, leunca biasa dipelak jeung dilalab. Olahan nu paling kawentar nyaéta karédok leunca.

Mangpaat

Masarakat loba nu nganggap leunca téh kaasup afrodisiak.

Galeri

Rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads