Lukisan

From Wikipedia, the free encyclopedia

Lukisan
Remove ads

Lukisan nyaéta gambar obyek dina widang datar kalayan ngalibatkeun ékspresi, émosi, sarta alpukah panyipta sacara pinuh.[1] Hiji lukisan merlukeun konsép anu subyektif, nyaéta kudu bisa ngahartikeun naon anu aya dina obyek, téma atawa alpukah sacara representatif.[1]. Seni lukis anu dikategorikeun pepek ngarékam kajadian budaya di tempatna séwang-séwangan.[1]

Thumb
lukisan alam

Lamun dilanglang ti materi anu dipaké, seni lukis merlukeun material anu gampang.[1] Bangsa Yunani dina période klasik nyieun inovasi anu jadi dasar aliran utama di widang talari seni Kulon boh lukisan boh patung.[2] Sipat penting tina seni Yunani klasik nyaéta realisme kepahlawanan.[2] Pelukis sarta pematung miboga tarékah pikeun mintonkeun awak manusa ,dina kaayaan usik atawa cicing, sajiga meureun jeung kanyataan anu kasampak.[2]

Perhatian husus lukisan Yunani perenahna dina kageulisan manusa anu rongkah, atawa momen drama anu agung sarta mulia.[2] Pangabisa téknis pikeun néwak wujud rinci hiji barang anu réa mangrupa hiji inovasi anu saterusna dijadikeun hiji jejer lukisan.[2] Nu nulis Yunani kuna melong lukisan di tembok gunan umum kawas kuil, minangka kagiatan seni anu agung sarta penting.[2] Tapi regasna média lukis sarta patung nyieun lukisan-lukisan Yunani pohara rentan pikeun garah, lukisan tembok anu kapanggih di Vergina dina taun1977 mangrupa salah sahiji conto karya anu salamet kénéh.[2]

Remove ads

Gambar

Beda sareng fresco atanapi buku miniatur, gambar henteu kedah aya hubunganana sareng interior khusus atanapi sistem hiasan khusus. Lukisan mangrupikeun salah sahiji jinis seni seni anu paling umum.[3]

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads