Macan dahan

From Wikipedia, the free encyclopedia

Macan dahan
Remove ads

Macan dahan (Neofelis nebulosa) nyaéta hiji spésiés ucing nu hirup di wewengkon suku papasiran Himalaya nepi ka daratan buana di Asia Tenggara jeung Cina. Macan dahan dikelompokkeun salaku spésiés rawan punah dina taun 2008 ku IUCN. Total populasi macan dahan diperkirakeun kirang ti 10.000 ékor macan déwasa, kalawan poténsi jumlah nu bakal ngaleutik jagana. Euweuh populasi tunggal nu leuwih ti 1.000 ékor macan déwasa.[2] Macan dahan dianggep ngawangun hiji tutumbu évolusi antara ucing gedé jeung ucing leutik.[3]

Fakta Singget Status konservasi, Klasifikasi ilmiah ...
Macan dahan

Macan dahan Sunda (Neofelis diardi) nu hirup di Sumatra jeung Kalimantan sacara génetis béda jeung macan dahan. Duanana dibédakeun salaku spésiés nu béda saprak 2006.[4][5] Tapi, kadua spésiés Neofelis ieu minangka spésiés ucing gedé anu pangleutikna, sarta heunteu miboga patali anu deukeut jeung maung tutul.[6]

Remove ads

Rujukan

Tumbu kaluar

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads