Machu Picchu

From Wikipedia, the free encyclopedia

Machu Picchu
Remove ads

Machu Picchu (Quechua Machu Pikchu, Gunung Buhun,[1] kadang disebut "Dayeuh Ingka nu Leungit", Lost City of the Incas) téh ruruntuk Inca pra-Columbus nu perenahna aya di puhu gunung anu luhurna kira 2,350 m, luhureun lembah Urubamba, Péru, kira 70 km kalér-kuloneun Cusco. Situs ieu mimiti kawentar ka sakuliah dunya nalika ahli arkéologi ti Yale, Hiram Bingham, ngagali deui ieu situs taun 1911, sarta nulis buku ngeunaan papanggihanana ieu. Kiwari, Péru keur narékahan tina jihat hukum sangkan titinggal/artéfak nu dibawa ku Bingham bisa dibalikkeun deui. Ti taun 1983, ieu situs diaku salaku Situs Warisan Dunya UNESCO.

Thumb
Tetempoan di Machu Picchu
Remove ads

Sajarah

Sigana mah situs ieu téh titinggal Karajaan Ingka nu pangweuteuhna. Numutkeun panalungtikan, kota ieu mimiti diwangun ku Sapa Inca Pachacuti, kira taun 1440, nepi ka talukna Péru ka Spanyol taun 1532. Bukti arkéologis (katut laporan/naskah kolonial) nunjukkeun yén Machu Picchu téh lain kota biasa, tapi mangrupa pangreureuhan/paniisan para ménak Ingka (sarupa jeung Paniisan Romawi). Di ieu situs aya karaton jeung candi sesembahan Ingka sabudeureun palataran, sarta wangunan lianna salaku wangunan pangrojong. Kota ieu bisa dieusi ku paling loba 750 jalma sakaligus, tapi mun keur teu dianjangan ku para ménak mah pangeusina téh ukur saeutik.

Remove ads

Baca ogé

Rujukan

Tumbu kaluar

Rujukan

Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads