Républik Malawi, atawa baheulana kawanoh salaku Nyasaland, nyaéta hiji nagara nu dilingkung nu aya di Afrika beulah tenggara. Nagara ieu wawatesan jeung Zambia di kalér-kulon, Tanzania di kalér-wétan, sarta Mozambik di wétan, kidul jeung kulon. Nagara ieu kapisah ti Tanzania jeung Mozambik ku Dano Malawi. Ibu kotana nyaéta Lilongwe, kota panggedéna nyaéta Blantyre teras anu kadua Mzuzu. Ngaran Malawi asalna ti Maravi, hiji ngaran heubeul ti urang Nyanja anu nyicingan wewengkon ieu.
Artikel ieu lain ngeunaan Mallaviatawa Mallawi.
Fakta Singget Republic of MalawiChalo cha Malawi, Dziko la MalaŵiRépublik Malawi, Kota panggedéna ...
Republic of Malawi Chalo cha Malawi, Dziko la Malaŵi
1 Pakiraan populasi pikeun nagara ieu kuduna mah diperhatoskeun ogé kana lobana nu pupus akibat AIDS; hal ieu bisa nyababkeun ajén harepan hirup nu leuwih saeutik, tingkat pupusna orok jeung jalmi nu leuwih luhur, populasi jeung kamekaran populasi nu leuwih handap, jeung robihna panyebaran populasi dumasar umur jeung lalaki/awéwé tinimbang nu dikira.