Mashudi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Letjen. TNI (Purn.) DR. (HC) Mashudi (Cibatu, 11 Séptémber 1919 - Bogor, 22 Juni 2005), inohong nasional Indonésia nu ngamimitian karirna dina widang militér.[1] Kungsi jadi Gubernur Jawa Kulon périodeuu 1960 - 1970, Wakil Majelis Permusyawaratan Rakyat Sementara (MPRS), icikibung dina rupa-rupa widang: perbankan, kapanduan, organisasi kasundaan, PMI, jeung Gerakan Pramuka.[1]
Remove ads
Babad salira
Najan lahir di Garut, Mashudi tumuwuh di Tasikmalaya. Atikan formal nu kungsi kacangking nyaéta di HIS jeung MULO Pasundan Tasikmalaya, AMS B Jogjakarta, jeung THS Bandung.
Mashudi dina Pramuka
Létjén TNI (Purn) H. Mashudi atawa Ka Mashudi babar Séptémber 1919 - ngantunkeun di Jakarta, 22 Juni 2005 dina umur 85 taun).[2] Dina taun 1960-1970 anjeunna ngajabat Gubernur Jawa Kulon jeung mangrupa Gubernur anu saterusna diganti ku Solihin Gautama Purwanegara.[2] Kak Mashudi mangrupa mantan Katua Kwartir Nasional (Kwarnas) gerakan Pramuka dina taun 1978-1993.[2] Dina taun 1974, sanggeus ngaleupaskeun jabatan salaku wakil Ketua MPRS (1967-1972), anjeunna diangkat jadi Ketua Kwartir Daerah Gerakan Pramuka Jawa Kulon, nu saterusna dina taun anu sarua dipilih jadi Wakil Ketua Kwarnas Gerakan Pramuka.[2] Di tengah mangsa baktina salaku Wakil Ketua Kwarnas, ka Mashudi ditunjuk jadi Pjs Ketua Kwarnas Gerakan Pramuka ngagantian Ka Sarbini nepi ka taun 1979.[2] Dina Munas gerakan Pramuka di Bukit Tinggi Sumatera Kulon dina taun 1978, ka mashudi kapilih sacara aklamasi jadi Ketua Kwarnas Gerakan Pramuka nepi ka taun 1983.[2] Dina Munas di Dilli Timur Timor taun 1988 Ka Mashudi dipilih deui salaku Ka Kwarnas nepi ka mangsa jabatan 1993.[2]
Remove ads
Ngantunkeun
Létjén TNI (Purn) H. Mashudi, mantan Gubernur Jawa Kulon (1960-1970) jeung mantan Katua Kwartir Nasional Gerakan Pramuka (1978-1993), ngantunkeun alam dunya, Rebo 22 Juni 2005 tabuh 11:10 WIB di RSPAD Gatot Subroto, Jakarta.[3] Janazah inohong Pramuka kalahiran Garut 11 September 1920, éta dimakamkeun Kemis 23 Juni 2005 tabuh 10:00 WIB di Taman Makam Pahlawan Cikutra, Bandung, Jawa Kulon.[3]
Referensi
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads