Maung

From Wikipedia, the free encyclopedia

Maung
Remove ads

Maung (Ing. big cat) nujul kana ucing gedé nu liar di Amérika, Aprika, Asia, jeung Éropah; Australia jeung Antartika mah teu boga spésiés ucing pituin.

Thumb
Maung lodaya, spesies panggedéna sarta pangbeuratna ti kulawarga ucing

Najan awakna jauh leuwih gedé batan ucing, paripolah maung jeung struktur/dedeganana mah méh baé sarua. Sakabéh bangsa ucing watekna karnivora sarta pinter pisan moro.

Watesan maung ukur ngawengku opat spésiés Panthera: singa, lodaya, maung totol (kaasup maung kumbang), sarta jaguar. Anggota genus ieu bisa ngagaur, sedengkeun bangsa ucing nu lianna mah henteu. Ku kituna, kabisa ngagaur téh kadang dianggap ciri pangbéda pikeun golongan maung. Spésiés genus Panthera lianna, citah, maung salju, jeung puma, nu jaluna bisa nepi ka 70 kg atawa leuwih saeutik, mindeng ogé digolongkeun kana maung.

Sababaraha jenis ucing, misalna ling Eurasia, beuratna ukur 25 kiloan, leuwih beurat batan ucing inguan, tapi teu dianggap kaasup maung.

Remove ads

Spésiés

Genus Panthera:

  • Lodaya, Panthera tigris (Asia)
  • Singa, Panthera leo (Aprika, Leuweung Gir di India; ogé di Éropa tenggara jeung Tatar Arab jaman baheula)
  • Jaguar, Panthera onca (Amérika, ti Méksiko nepi ka Argéntina kalér)
  • Maung totol, Panthera pardus (Asia jeung Aprika)

"Maung" lianna:

  • Citah (cheetah), Acinonyx jubatus (Aprika)
  • Puma, Puma concolor (Amérika Kalér jeung Kidul)
  • Maung salju (snow leopard), Uncia uncia (pagunungan Asia Tengah)
  • Clouded Leopard, Neofelis nebulosa (Asia Tenggara)

Hibrid:

  • Tigon (Lodaya jalu/Singa bikang)
  • Liger (Singa jalu/Lodaya bikang)
  • Jagulep (Jaguar jalu/Maung tutul bikang)
  • Lepjag (Maung totol jalu/Jaguar bikang)
  • Singa Tutul Kongo (Congolese Spotted Lion) (Jagulep atawa Lepjag/Singa)
  • Marozi (Singa jalu/Maung totol bikang)
  • Leopon (Maung totol jalu/Singa bikang)
  • pikeun hibrid séjénna, baca hibrid Panthera

Maung nu statusna can écés (spésiés anyar, suspésiés ti nu geus aya, atawa dongéng):

Méong (ucing sedeng):

  • Genus Lynx:
    • Ling Eurasia, Lynx lynx (Éropa jeung Asia)
    • Bobcat, Lynx rufus (Amérika Kalér)
    • Ling Kanada, Lynx canadensis (Amérika Kalér)
    • Ling Iberia, Lynx pardinus (Éropa)
  • Oselot, Leopardus pardalis (Méksiko, Amérika Tengah jeung Kidul, sarta Texas kulon-ngidul, AS)
  • Karakal, Caracal caracal (Aprika)
  • Serval, Leptailurus serval (Aprika)
Remove ads

Tumbu kaluar

Sumber rujukan

  • Big cat, Wikipédia édisi basa Inggris (7 Juni 2006)
Loading related searches...

Wikiwand - on

Seamless Wikipedia browsing. On steroids.

Remove ads