Ucing
From Wikipedia, the free encyclopedia
Remove ads
Ucing (Basa Indonésia:Kucing) nyaéta mamalia karnivora leutik.[1][2] Ucing ilaharna jadi sato ingu pikeun manusa, boh minangka sato cocoeun atawa pikeun nyingsieunan beurit. Ieu sato geus dalit jeung manusa sahenteuna salila + 9.500 taun[3].
40x40px|link=|alt= | Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |
Minangka prédator, ucing moroan leuwih ti saréwu spésiés sasatoan pikeun kadaharanana. Ucing mah calakan tur bisa dilatih pikeun nurutan paréntah anu gampil.
Remove ads
Anatomi jeung morpologi

Gumantung kana spésiésna, awak ucing beuratna 2,5 – 7 kg. Tapi, sababaraha spésiés budidaya, misalna Maine Coon, bisa nepi ka 11,3 kg. Mangkaning mun parabna keleuwihan mah beuratna bisa nepi ka 23 kg. Sabalikna, aya ogé ucing pangleutikna nu kungsi kalaporkeun beuratna kurang ti 1,8 kg[4].
Sakumaha mamalia lianna, ucing miboga tujuh cervical vertebrae, tilu welas thoracic vertebrae (manusa boga salosin), tujuh lumbar vertebrae (manusa boga lima), tilu sacral vertebrae (manusa boga lima sabab bipedal), sarta 22/23 caudal vertebrae (manusa boga 3-5, ngahiji jadi coccyx).
Remove ads
Ras Ucing
Dumasarkeun kana kaayaan buluna ras ucing kabagi 5 bagian nyaéta [5] :
- Bulu pondok
- Bulu sedeng
- Bulu campuran (pondok jeung panjang)
- Bulu panjang
- Bulu campuran
Bulu pendék
- Exotik mangrupa variasi tina ras bulu pondok.[5]
- Chartreux, Russian Blue jeung Korat. Tilu ras ieu miboga warna bulu anu sarua nyaéta biru atawa hauk. katilu ras ieu mangrupa ras asli, tapi béda asal daérahna, saperti Chartreux anu aslna ti Prancis, Russian Blue asalna ti Rusia, jeung Korat ti Thailand.[5]
- Manx jeung Japanese Bobtail. Manx mangrupa ras anu teu boga buntut, sedengkeun Japanese bobtail miboga rupa buntut anu ahéng.[5]
- Egyptian Mau, Ocicat, California Spangled, Bengal[5]
- Siamese jeung Burmese.Kadua ras ieu téh asalna ti Thailand [5]
- British shorthair, Européan Shorthair, jeung American Shorthair[5]
- Abyssinian'' dipercaya yén ras ieu ras pangkolotna mangrupa ras katurunan Mesir Kuna.[5]
Remove ads
Ucing dina kabudayaan Sunda
Dina kabudayaan Sunda, aya babasan jeung paribasa nu ngandung kecap ucing saperti ngabudi ucing, kawas ucing gering, kawas ucing jeung anjing, heunceut ucingeun.
Dina carita Sunda ogé aya carita ngeunaan ucing saperti "candramawat", nyaéta ucingna Nini Anteh anu aya di bulan.
Rujukan
Tumbu kaluar
Wikiwand - on
Seamless Wikipedia browsing. On steroids.
Remove ads